"kujangs"
TOLOL KOPLOK
"Bapa, Bapa…Ibu tolol koplok!" ceuk anak kuring nu umurna karek dua taun. Kuring nu harita keur ngocok endog gorengeun reuwas. Na aya budak basana mani kasar. Jeung ku naon ka indungna nyebut tolol koplok? Can beak kaheran, kurunyung pamajikan nyampeurkeun. Kuring nanya masalah omongan budak, pamajikan nerangkeun. Maksudna mah kieu : "Bapa, Bapa… Ceuk Ibu telor teh ceplok, tong dikocok!" (Tehas FB – Bandung)
DILIWAT
Tukang kurupuk keur ngasup-ngasupkeun kurupuk kana jero blek nu meuli.
"Ema? Tukang kurupuk teh teu tiasaeun ngetang!" ceuk budak ka indungna nu harita meuli. "Piraku tos opat teh tujuh!" pokna deui. Tukang kurupuk ngabelehem kaeraan. Niat ngalibur!
Tehas FB - Bandung
URUT BATUR
Oman : "Saprak kuring jadi supir ojeg, pamajikan tara daek ngaleng cangkeng kuring!"
Idun : "Ih, naha?"
Oman: "Embung, cenah. Urut batur!"
Idun : "Kabina-bina timburuan teh!"
Tehas FB - Bandung
NYOGOK
Hakim : "Maneh dihukum sapuluh taun penjara!"
Terdakwa : "Naon, Pa? Jaksa oge ngan ngusulkeun lima taun!"
Hakim : "Bonganna we ka Jaksa nyogok ari ka kuring henteu?"
Dewi Siti Aminah
Bandung
MALING KADU
Pulisi : "Maneh maling helm ?"
Bangsat : "Taya maksad maling helm, Pa. Nyandak helm teh maksadna mah bade maling kadu, diajul!"
Dewi Siti Aminah
Bandung
LALAJO MAEN BAL
+ : "Mana karcis?"
- : "Da abdi mah sanes bade lalajo maen bal, Pa."
+ : "Rek naon atuh?"
- : "Bade lalajo wasit. Mingpin pertandinganana jujur teu? Mun teu jujur bade dibaledog!"
+ : "Nyingkah!"
Cep Ugil
Karang Katresna Bandung
SI KABAYAN & SANTRI KALONG
Si Kabayan: "Rek ka mana maneh, Mes?"
Si Emes: "Rek ka Maman Mansur S. Rek bebeja ayeuna mah kuring teh geus teu jadi santri kalong."
Si Kabayan: "Kumaha atuh, Mes? Meureun urang euweuh batur ngobrol dina Mangle."
Ena Rs, Sidamulya,
Bj.Gedang, Rch 46387.
NGUJI
Utin: "Kamari Cep Dani ngadagoan maneh mani sapoe jeput di terminal. Tapi maneh teu hol wae.
Dewi: "Puguh keur nguji kanyaahna ka urang. Dihaja teu ditepungan."
Utin: "Lain nguji kitu mah, tapi nyiksa."
Ena Rs.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

