--- Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ieu carita di caritakeun ku almarhum bapa waktu
> anjeuna keur alit keneh :
> 
> Di  Maleber Cianjur taun 50an can aya jam atawa
> beker di unggal imah, nu aya oge di masigit, tah
> kulantaran eta bedug kohkol di masigit jadi tangara
> waktu, aya bedug lohor, aya bedug ashar  jsb
> 
> Ninggang di bulan puasa, bedug teh di angkat/di
> taekkeun ka munara masjid ambeh sorana kadenge ka
> sakuliah lembur,jadi lamun mang merebot (muadzin)
> rek adzan kudu naek heula ka munara bari mamawa
> beker sakalian nakol bedug
> 
> Ari kabiasaan mang merebot lamun rek adan magrib sok
> mawa dahareun ka munara sabangsaning leupeut,RO
> (ranginang oyek) keur ngabatalkeun puasa, ngan edas
> ari didaharna sok samemeh nakol bedug, jadi lamun
> geus waktuna buka mang merebot ngabatalan heula
> kakara nakol bedug, sakapeung mah lamun bekelna loba
> nya waktu buka teh kacoceng ku nganggeuskeun tajilna
> heula
> 
> Bapa kuring jeung babaturan geus apal kabiasaan mang
> merebot kitu teh,atuh lamun geus wanci ashar bapa
> saparakanca ngabuburitna teh sok di handapeun munara
> masjid bari mawa dahareun keur ngabatalan , ari nu
> ditungguan nyaeta cangkang leupeut nu sok
> dipuragkeun ku mang merebot, tah lamun geus murag
> hartina geus buka, mang merebot pasti keur
> cacamuilan barang dahar sanajan bedug can di takol
> oge. lamun tas kitu bapa kuring saparakanca  belewek
> belewek bae pada buka 
> 
> Hiji mangsa, kakara beres sholat ashar di masigit
> katempo mang merebot geus nerekel naek ka munara
> masjid, atuh bapa jeung babaturan paheula heula diuk
> di handapeun munara bari mawa bekelna sewang
> sewangan , tumpa tempo sugan ningali cangkang
> leupeut ragrag, teu lila si cangkang leupeut teh
> marurag,  der wae barudak teh marurak bekel
> 
> keur ngeunah ngeunah barangdahar,torojol mang
> merebot turun ti munara, ningali barudak keur
> balakecrakan gantawang teh mang merebot nyarekan 
> " teu paruasa silaing teh hah ? naha wayah kieu make
> barangdahar sagala ?" cenah,  bapa kuring kacida
> reuwasna, " ari eta tadi cangkang leupeut nu
> dipuragkeun sanes nu mamang ?"  ceuk bapa kuring
> bari haruhah harehoh nya reuwas nya lada ku sambel,
> " eta mah cangkang leupeut runtah deuleu, dewek keur
> meresihan munara , loba runtah cangkang leupeut ,
> nya dipurag puragkeun .....bedug magrib mah lila
> keneh"
> 
> 
> 
> 
> 



        
                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke