Assalamualaikum wr.wb. Wilujeng sonten ka sadaya baraya nu aya di babakan:) Daramang kitu? Mugi2 wae urang sadayana aya dina panangtayungan Allah SWT. Amiin..
Hatur nuhun ka Mama ManAR nu tos manjangkeun wartos ti sim kuring. Mung bade klarifikasi sakedik. Saleresna sim kuring sanes penulis naskah nu dibacakeun dina eta acara. Naskah nu diserat ku sim kuring mah mung saukur naskah bewara nu diforward ku Mama ManAR. Insya Allah manawi keyeng nya panginten ngiringan nyerat naskah bacaan:) Kaleresan aya sababaraha tayangan (naon nya bs. sundana?)nu dibacakeun ku sim kuring, silih selangan sareng rerencangan. Mangga ka baraya nu minat ngadangukeun, kantun klik wae di Radio Tarbiyah (http://www.radiotarbiyah.net/listen.pls). Diantos saran & kritikannna di [EMAIL PROTECTED] atanapi japri ka sim kuring. Sakitu heula nu kapihatur, diantosan ku coet ieu teh..:D Kaleresan di dieu mah Maghrib-na tabuh 5 JST (3WIB). Hapunten bilih aya kecap2 nu teu merenah:) Wassalamualaikum wr.wb. Gilang --- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, > Nyanggakeun ieu informasi kagiatan bulan ramadhan ti salah sawios dulur urang anu nuju ngumbara di Jepang, Neng Gilang tea. Kagiatanana tiasa dikupingkeun tina alamat radion anu diseratkeun dina e-mail diforward ieu. Neng Gilang dina acara eta janten penulis naskahna. > > Acara-acara lintas dunya sarupi di luhur ngarupakeun hiji wangun positioning internet adu manis jeung teknologi sejenna. Kusnet-YP ka hareup kongan pisan upama nyieun kagiatan sarupa kitu, upamana: majalah online, jst. > > baktos, > manAR > > : forwarded message attached. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

