Ieu nyanggakeun seratan kenging Kang Ajip, manawi aya pulunganeunanan.
-------------------
KAREUEUS NYARITA BASA SUNDA
Tina kanyataan sapopoé katingal, yén urang Sunda beuki réa anu embung
nyarita ku basa Sunda. Sababna tangtu aya, tapi tacan aya
panalungtikan ngeunaan hal éta, jadi paling bisa urang téh ngayakeun
analisa garis badag. Nu pangnonggérakna, henteu ayana kareueus kana
basa Sunda. Urang Sunda henteu reueus kana basa indungna, sanajan
ceuk sawatara ahli basa Sunda téh basa anu pangbeungharna,
panglemesna, pangngeunahna didéngékeunana, jeung sabangsana - sanajan
éta ahli téh henteu kungsi ngabandingkeun jeung basa-basa lianna. Nu
tétéla, basa Sunda téh basa anu pangmerenahan pikeun digunakeun dina
lingkungan hirup kumbuh urang Sunda, anu dumasar kana budayana. Tapi
hirup kumbuh urang Sunda téh ayeuna mah geus diranjah ku rupa-rupa
pangaruh anu jolna ti budaya anu béda pisan jeung budaya Sunda.
Pangaruh anu disababkeun ku asupna bangsa jeung sélér séjén anu
bogaeun basa jeung budaya sorangan ka lembur urang Sunda jeung ku
asupna budaya nu disiarkeun ku radio, télévisi, kasét jeung barang-
barang éléktronik hasil téknologi pangahirna nu dikonsumsi ku urang
Sunda da embung tinggaleun dina kamodérenan.
Saenyana anu ngalaman pangaruh kitu téh lain ngan urang Sunda baé.
Sélér séjén ogé di sakuliah Indonésia sarua pada narima pangaruh
budaya luar anu béda pisan ti bandana sorangan. Lain ngan di
Indonésia baé basa indung hiji daérah kapangaruhan ku basa jeung
budaya anu béda pisan tina budaya asalna. Réa anu geus musnah basa
indung téh, aya rébuan ceuk ahli nu kungsi nyoba ngulik soal éta.
Tapi saenyana, basa anu geus musnah téh leuwih ti anu ditaksir ku
para ahli sabab réa basa anu henteu bisa kapaluruh da geus euweuh
urut-urutna acan, bubuhan réréana basa di sakuliah dunya téh masih
kénéh basa lisan, henteu acan kungsi dituliskeun.
Sikep masing-masing komunitas nu miboga basa indung sorangan, henteu
sarua dina nyanghareupan pangaruh nu datang ti luar téh. Nu jumlah
pacatur basa indungna téa leuwih réa umumna leuwih tagen dina
nyanghareupan pangaruh téh. Tapi henteu kabéh kitu. Réa basa indung
anu jumlah pacaturna réa, jutaan, bobor karahayuan, geus leungit
tanpa lebih. Sabalikna aya basa nu jumlah pacaturna ngan ukur ratusan
rébu tapi hirup henteu sakara-kara sarta kahirupan sastrana kaasup
luar biasa nepi ka aya sastrawanna anu kungsi meunang Hadiah Nobél,
nyaéta basa Éslandia, nu pacaturna ngan 250.000 urang (ceuk The
Columbia Encyclopedia, edisi kalima), ari sastrawanna anu kungsi
meunang Hadiah Nobél, Halldor Laxness (l. 1902) nu narima éta hadiah
taun 1955. Salian ti Laxness réa deui sastrawan Éslandia anu bukuna
ditarjamahkeun kana basa-basa lian, antarana Agnar Thordarson, Elias
Mar, Oddur Bjornsson, jll.
Ceuk Daniel Nettle jeung Suzanne Romaine nu nulis Vanishing Voices:
The Extinction of the World's Languages (Oxford, 2000), sanajan réa
deui sababna nu séjén nu matak basa bisa musna, tapi "Basa anu
henteu diwariskeun ka generasi handapeunana ahirna baris paéh" (k.4).
Hartina lamun urang Sunda geus henteu ngajak nyarita deui dina basa
Sunda ka barudakna, basa Sunda téh aya dina prosés baris paéh.
Padahal salian ti geus réa urang Sunda anu henteu ngajak nyarita basa
Sunda ka anakna téh, urang Sunda sorangan geus nganggap basa Sunda
kelas tilu, sabada basa Inggris jeung basa Indonésia. Malah boa
dianggap kelas opat, da urang Sunda di Tatar Sunda geus réa anu tara
ngagunakeun kecap "Tétéh", "Ceuceu" jeung "Akang" ka papada urang
Sunda, tapi "mbak" jeung "mas".
Hal éta nuduhkeun yén dina nyanghareupan pangaruh ti luar, urang
Sunda henteu tagen ngabéla basana sorangan. Bisa jadi ku sabab
nganggap yén basa indungna téh laip, teu aya hargaan, moal nyababkeun
harga dirina unggah. Nyaéta teu miboga kareueus kana basa indungna.
Padahal basa Sunda baris luhur ajénna lamun ku nu mibogana
dibutkikeun yén basa indungna bisa digunakeun pikeun nyaritakeun
sagala rupa, bisa digunakeun pikeun ngabahas naon baé, boh agama,
sastra, sosial-politik, falsafah, élmu jllna. Ayeuna basa Sunda ngan
digunakeun salian ti pikeun nyaritakeun hal sapopoé téh, sok dipaké
nulis sastra, ngabahas agama, jeung tulisan jurnalistik. Kakara béh
dieu aya buku ngeunaan élmu dina basa Sunda, nyaéta Nyukcruk Sajarah
Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi kénging Saléh Danasasmita
jeung Élmu Politik keur Warga NU kénging Enas Mabarti. Sanajan réa
urang Sunda anu jadi sarjana tatanén, kadokteran, farmasi,
arsitéktur, téknik sipil, ékonomi, ilmu politik, jllna, tapi tacan
aya anu nulis buku dina basa Sunda ngeunaan widang kaélmuanana.
Padahal lamun réa nu nulis dina basa Sunda, tanwandé harkat basa
Sunda téh baris unggah.
Sikep urang Sunda anu henteu tagen ngabéla basana sorangan dina
nyanghareupan pangaruh ti luar, sikep urang Sunda anu henteu
némbongkeun kareueus kana basa indungna, lamun henteu gancang
dirobah, tanwandé baris jadi jalan urang Sunda ka kuburanana
sorangan. Sabab bareng jeung musnana basa Sunda, urang Sunda gé baris
musna.
Numatak perlu pisan ngahudangkeun kareueus urang Sunda sangkan
nyarita basa Sunda, lain baé jeung babaturanana sapantar atawa jeung
salaki atawa pamajikanana baé, tapi pangpangna jeung barudakna nu
jadi ahli waris anu sah pikeun manjangkeun umur basa Sunda sangkan
lana di dunya. Kabiasaan urang Sunda, lamun keur ngariung ngobrol ku
basa Sunda di Tatar Sunda, ana datang wéh saurang nu lain Sunda,
tuluy pindah kodeu nyaritana jadi basa Indonésia, padahal nu
diobrolkeun téh tacan tangtu aya urusan langsung jeung anu anyar
datang téa. Kabiasaan kitu téh ngarugikeun basa Sunda, sabab éta
jalma anu lain urang Sunda téa anu kuduna diajar basa Sunda da
ngumbara di Tatar Sunda, henteu ngarasa perelueun diajar basa Sunda.
Cindekna urang Sunda kudu ngarasa reueus nyarita ku basa Sunda, sarta
batur nu henteu bisaeun basa Sunda, lamun hayangeun milu ngobrol,
sina diajar basa Sunda.
(Ajip Rosidi)
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/