--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-------dipotong-------
> liputan eta teh juru kamera nyorot hiji poster anu
> unina teh sapertos kieu "TERBUKTI INDONESIA MENJADI
> SARANG TERORIS!" Eta anu nyandak poster teh urang Bali
> asli, anu notabene urang Indonesia oge. Rada aneh oge
> eusi spanduk eta teh. Tadina pikiran kuring mah, eta
> anu nyandak spanduk teh urang asing.
--------dipotong---------

Tah eta "suksesna" bom bali teh Kang Rahmat, urang Indonesia jadi 
peupeus, katarik ku masing-masing kapentingan. Urang Bali nu tadina 
lolobana kaum nasionalis, ayeuna mimiti hayang nurutan Aceh, otonomi 
khusus, malah aya nu hayang leuwih ti kitu, jiga dina Kompas poe 
minggu kamari, hayang Bali teh jiga Hongkong! (Hongkong lebet Cina, 
tapi sistem nagarana benten jeung mainland). 

Saha nu diuntungkeun lamun Indonesia awut-awutan jeung kacow? 
Australia? ceuk kuring mah teu mungkin, lain kunaon-naon, lamun 
Indonesia kacow, bakal loba urang Indonesia anu bakal ngungsi, jadi 
manusa parahu, ka Australia. Padahal urang Australia, tong boro 
nyanghareupan manusa parahu ti Indonesia anu deukeut (pasti lobana 
teh), nyanghareupan anu kabur ti Afahanistan jeung Irak wae oge, 
mani jiga nu riweuh kitu, padahal mah ngan raratusan urang!

Saha deui nya nu diuntungkeun? ........ nu hobby nyieun bom, sabab 
tambah kacow nagara, tambah bebas nyalurkeun karesepna, bom ting 
beledug dimana-mana, dianggap martir (pahlawan) deuih!

Baktos,
WALUYA

 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke