Haturan Kang Ikmal, ngiring mairan nya itung-itung-lain ngadu bako da bulan puasa - tadarusan wae, sugan pareng...
 
Kacida katajina ku informasi sarupa kieu, sok sanajan sakapeung dibarung ku was-was kusabab ari bebeneran ti "luhur" mah mutlak, sedengkeun ari bebeneran tina elmu mah relatif, gumantung jelemana jeung kamajuan panalungtikanana. Tapi dina lebah "informasi laleur" ieu mah si kuring nyanghareupan sababaraha alesan jeung pangalaman anu ngagiring kana tataran percaya. 
 
Alesan anu kahiji, nyoko kana pangalaman sapopoe, elmu panemu ti kolot, babaturan atawa saha wae anu kaparengkeun panggih tur maparinkeunanan, ngeunaan kadaharan jeung panghulag panyakit atawa kaayaan teu ngeunah akibat kalobaan teuing ngadahar eta kadaharan. Tegesna kasaimbangan unsur anu aya dina hiji perkara (sajatina lain kadaharan wae). 
 
Keur conto kasaimbangan di luhur, upama wae, geus kabuktian ku sorangan yen saha wae anu hayang teu lada nalika ngadahar cengek, mangka kudu ngadahar eta cengek katut ka gagang-gagangna. Pon kitu deui, sorangan geus ngabuktikeun bongbolongan ti anu nepikeun, yen lamun urang dahar kadu hayang ulah mabok, mangka urang kudu nginum cai anu diwadahan ku cangkang kadu anu samemehna daging buahna didahar ku urang.
 
Hal-hal "pengobatan" anu saperti "kasus cengek" jeung "kasus kadu" kasebut di luhur teh  loba keneh anu tacan kapanggih ku urang lebah-lebahna jeung estuning talungtikaneun keneh pisan. Upamana, aya informasi yen sayuran saperti daun sampeu, kangkung, jsb matak ngabalukarkeun rheumatik. Tah upama nyoko kana teori kasaimbangan di luhur mah tangtuna oge obat keur rheumatik balukar eta kadaharan teh aya dina jero kadaharan eta keneh. Pasoalanana, upamana kasus daun sampeu, bagean mana tina daun sampeu (atawa bagean-bagean sejen tina tangkal sampeuna ?) anu ngandung pipanyakitaneun jeung bagean mana anu ngandung obatna?  Tah lebah dieu diantarana anu matak narik pikeun ditalungtik teh.
 
Alesan anu kadua, nyoko kana prasaranana atawa dalil-dalil qouliahna. Dina lebah dieu aya 3 perkara anu narik pikeun dianteban: sato leutik/lemah (laleur jeung sabangsana), obat dina diri sorangan jeung kasaimbangan.
 
Ngeunaan sato leutik, Al Qur'an Surah (QS) al Baqoroh ayat 26 geus mere iber yen Pangeran (Alloh) heunteu kaleked pikeun nyieun babandingan sok sanajan ku mangrupa reungit. Maksud ayat al Qur'an geus tangtu jero jeung ngawengku lain hiji dua perkara atawa bidang kahirupan, tapi -ceuk para ahli tafsir - bisa nepi ka 7 bidang/alam (angka 7 tea, sakapeung apan hartina lain angka saenggeusna 6, tapi nuduhkeun loba).
 
Nepi ka ayeuna, sok sanajan yakin kana ieu ayat, si kuring tetep can meunang bongbolongan na aya naon dina kahirupan reungit nepi ka ngaranna disebutkeun khusus dina Al Qur'an sakumaha di luhur? Boa-boa, dina awak reungit oge aya unsur, zat, virus, atawa jasad lemes sejenna anu ngabogaan kasanggup pikeun ngobatan kalawan murah sagala rupa panyakit anu ngaliwatan reungit salaku vektorna.
 
Bener-bener matak ngarangsang pipikiran, hanjakal hirup jeung pilihan sakola teh ngan sakali :) . Enya teu rek kitu kumaha, apan sakitu geus lobana korban akibat panyakit-panyakit saperti malaria, demam berdarah, jeung sabangsana, anu saliwatan mah kusabab si reungit anu "kurang ajar". Lamun seug obat keur panyakit-panyakit gede tadi teh aya dina awak reungit-awak reungit keneh, apan tugas manusa pikeun neanganana, lain?
 
Lamun "kasus laleur" geus aya bongbolongan pikeun nyieun obat sagala rupa panyakit anu diakibatkeun ku vektor laleur, ka hareup sigana tugas para panalungtik muslim pikeun neangan aya ubar naon wae dina jero awak reungit    
 
----
Baraya, cag heula bisi panjang teuing. Keun engke dua perkara deui - obat dina diri sorangan jeung kasaimbangan - urang guar sugan pareng jeung sugan aya pakarangna.
 
Cag.
Baktos,
manAR 
PS : ka "Baraya Sunda" hapunten bilih ieu kalebet cross-posting". 
 
On 10/14/05, Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyuhunkeun komentarna.......(punten teu disulihbahasakeun ngarah
orisinil.... :-) )

hatur nuhun,
Wassalam,
ikmal

Dalam kasus Avian Influenza, pakar peneliti penyakit yang bersumber dari haiwan Prof. drh R Wasito Msc PhD bersama isterinya yang juga peneliti di fakultas yang sama Prof drh Hastari Wuryastuti Msc PhD. menyimpulkan dengan tegas bahwa agen vektor yang menyebarkan penyakit
maut Avian Influenza adalah binatang kecil bernama "Lalat". .

Jika benar demikian, maka ketahuilah bahwa Rasululullah sejak 1426 tahun yang lalu telah memperingatkan bangsa Indonesia yang Muslim tentang akan datangnya penyakit ini dan cara menghadapinya. Dalam sebuah hadits sahih
beliau bersabda: "Jika terjatuh seekor lalat ke dalam minuman salah seorang di antara kamu, maka benamkanlah dan minumlah. Sebab pada sayap kirinya terdapat penyakit dan pada sayap kanannya terdapat obat."

Namun ketika mereka memasukkan sayap kanan lalat secara otomatis mereka melihat perubahan yang signifikan. Seluruh virus apapun yang dibawa oleh sayap kiri lalat ternyata musnah dan mati akibat obat yang terdapat pada sayap kanan.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke