Puasa jeung Lebaran di lembur batur
Teu resep puasa di nagri batur nu muslimna saeutik mah. Komo di nagri rada
kaler mah. Denmark. Dina saeutikna oge muslim teh, sigana kabeh oge nu
ngumbara atawa turunan bangsa sejen. Aya urang Alzajair jeung Turki (toko
nu ngajual daging make tulisan Halal, umumna nu urang Turki, malah aya nu
ngaran tokona Jamal sagala :), oge Palestina (kungsi naek taksi nu kabeh
mobilna Mercedes-Benz, supirna urang Palestina). Harita bulan ramadan teh
keur usum tiris-winter maju ka Spring/musim semi. Sangsara pisan. Ongkoh
sanajan beurang, hese caangna. Mun di urang mah siga keur ceudeum. Tapi
jarang hujan, unggal poe kitu. Panon poe siga nu cuti nyaangan ka beulah
dieu mah. Rada untung teh eta we, waktuna sakeudeung. Hehe. Da ari usum
salju mah, beurang teh pondok atawa rada sakeudeung, peuting nu lila.
Wanci asar di urang, di dinya mah geus magrib. Sanajan babaturan urang
Mesir -asana profesor mikrobiologi- keukeuh make waktu Arab. Puasa keur
usum tiris-winter- enyaan, sangsara. Teu saur teh cilaka tujuh belas,
sabab beuteung sok ajrag-ajragan hayang dieusian.
Kuring mah teu pati seurieus urusan dahar teh. Jadi buka atawa saur ge
sakapanggihna. Untung babaturan, urang Ponorogo, dahar teh kudu sangu. Nya
si eta nu masak di kamerna. Si kuring purah nganteur ari balanja. Beas aya
di toko mal, ti Thailand. Kabeneran di kamer masing2 aya dapur leutik,
sakapeung sok ngulub kentang jeung ngagoreng sosis sapi atawa hayam we ari
saur teh. Seseringna mah sok bareng di kamer urang Ponorogo. Kabeneran si
eta ka kuring nyobat. Malah basa ulin ka Jerman ngan nepi ka Hannover
nonton pameran nu ngarana LIGNA, pameran mesin kai, Ari indomie jeung
sambel ABC sok meuli di toko Asia nu bogana Cina,
tukangeun stasion Kopenhagen. Staf KBRI sok ngayakeun buka bersama, boh di
kantor KBRI atawa di imah staf. Atoh nu aya, da sok manggih menu
Indonesia. Kabeneran pisan, sekretaris hiji KBRI teh Pak Sadikin, urang
Tasik. Istrina pinter masak.
Hiji mangsa, babaturan-keur kuliah mah lanceuk kelas rada anggang-
panggih jeung urang Aljazair. Manehna ngajak buka di imahna bari terus
taraweh. Balikna di bere kendang!
Poean lebaran teh ninggang poe biasa, poe sakola. Atuh bebeja ka dosen
isuk moal asup, da rek lebaran. Si dosen mere izin pisan, da ngahargaan
kanu marasih keneh ngaragem agama. Hehe. Isukna, poe lebaran, genepan,
ngabring ka KBRI, naek kareta komuter heula da rada anggang ti asrama.
Jaba keur usum tiris tea, salju turun barodas. Indit ti asrama teh hate
mah nalangsa, ngaracak jeung ngarasula, cilaka aing lebaran di lembur
viking, jauh ti kolot jeung ti baraya. Kakara pisan ngalaman lebaran teu
di lembur, jauh pisan deuih, teu cukup ku naek beus atawa ojeg. Di jalan
nu kabayang teh nya kaayan poean lebaran di lembur. Isuk-isuk ka masjid
jami, mulang sasalaman jeung kolot oge dulur, terus tatangga. Terus ka
makam bari sasalaman jeung urang lembur nu panggih. Beurangna ka aki jeung
nini di tutugan gunung Syawal nepi ka sore.
Nepi ka KBRI, milu shalat id di kantor KBRI, di ruang tengah. Aya
saratusan jelema mah. Beres salat Id, sanggeus ngopi jeung sasalaman,
diajak ka Wisma Duta (imah dines dubes), naek heula beus kota. Motong
heula hiji taman nu pinuh ku tatangkalan. Ari ditelek-telek, sihoreng
kuburan!
Di wisma dubes manggih kupat! Atoh nu aya, sanajan kupatna dina plastik
siga lengko.
Sorena mulang ka asrama, ngagoler di kamer, ngabayangkeun deui lebaran
di
lembur....
mj
http://geocities.com/mangjamal
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/