Rada getek yeuh...
akang Runa, akang Roisz.. cing ah ulah mikirna neangan lowongan wungkul geura he he he he, asana mah di lembur lembur loba keneh lahan pertanian nu nungguan pangusap ti sarjana sarjana pertanian. Contona kuring, ayeuna dilembur teh keur naratas jalan sugan bisa kalaksanakeun hayang jadi patani. Jadi patani teh cita-cita kuring keur smp baheula. Ngan nyakitu kulantaran teu boga elmuna nya sabulang bentor we bari sakalian diajar. enya rumasa najan lulusan ipb tapi keur kuliah can pernah ngambeuan taneuh, ukur pabaliut ku ngurus angka.
Ayeuna kuring tertarik ku biogas yeuh, rada kaluar tina topik nya? ngan keun we da rada nyambung. BBM geus mahal nya salah sahiji carana neangan sumber bahan bakar sejen. Kabeneran di lembur boga sababaraha buntut sapi, tah si kotoranna alias tai sapi tea, can pati kamanfaatkeun sacara maksimal.
Kamari maca dina PR cenah di daerah garut aya desa percontohan, desa nu dijadikeun pilot project keur ngenalkeun biogas ieu, nu ngalakukeunna nya eta Pusat penelitian dan pengembangan teknologi energi ketenagalistrikan (P3TEK) gawe bareng jeung LSM Pemberdayaan masyarakat desa (persada). Desa nu dijadikeun pilot project ieu contona kampung sari pulo, kampung sukahaji di desa/kec cisurupan, oge aya di desa cikajang. Ceunah mah geus berhasil.
cing cing sugan aya baraya garut nu apal?
da ceunah upama urang rek nyieun biogas urang kudu meuli alat nu disebut reaktor biogas, nu hargana sakitar 1,5 juta keur skala rumah tangga.
ah sakitu we...
ah sakitu we...
kade rieut ah da pabaliut nya? he he he he
On 10/14/05, roisz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tong tebih-tebih Neng Luna,
simkuring ge nu teu acan lulus janteun sarjana pertanian
geuning nikreuh dina Jalur it
hehehe
jawaban sajujurnamah, kusabab dunia pertanian di Indonesia teu sapertos di negeri lain nu oge dijadikeun kokojo.
hmmm,...
On 10/14/05, Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Uluh sae atuh upami kitu mah.Upami lulusan para sarjana pertanian kumaha tah ? Sae teu nya prospekna??? Naha seuseueurna para lulusan sarjana pertanain teh sok teu saluyu jeung bidang elmu pangaweruhna. Naha emang teu aya lowongan (saeutik) kanggo para lulusan sarjana pertanian teh ? Lamun kitu naon anu salah ?Sakitu heula nya....
--
Leave perfectionism at the door;
give yourself permission to make mistakes;
and learn from them.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

