--- In [email protected], Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
> Ari bah Willy sok muter kamamana, "curiga teh lain wae kanu 
> ngamusuhan", cobi kalimah ieu diterapkeun ka kalakuan nagara
> sejen? Sakali deui, pikeun abdi dina kasus Aceh nyimpulkeun sikap
> ati2 pamarentah kedah ditingal kapasitasna nu ngaluarkeun pamendak
> lantaran curiga sareng waspada ipis pisan bedana. Upami perspektif
> ieu teu tiasa ditampi mangga, moal maksa.  Bantosan LSM urang dieu
> (sareng LSM "dulur" ti bangsa "deungeun") ku abdi disebatkeun
> soteh pedah dina email Abah ti payun, nyutat tina media, bantuan
> ti bangsa sorangan teh asa dieuweuhkeun pisan, .....

Saur saha bantuan bangsa sorangan diangap dieuweuhkeun? nya henteu 
atuh, ngan nyaeta teu nyukupan. si Ibu nu nulis surat pembaca dina 
Kompas meureun acan kabagean wae bantuan, pas aya nu mere, beas ti 
jepang, hatena ngangres. Wajar, ceuk kuring mah manehna nepika nulis 
surat pembaca ka Kompas, nu nunjukkeun manehna teh manusa anu terang 
etika kudu kumaha nganuhunkeun. 

Aya deui dongeng waktu tasunmi di Aceh teh, dina acara interaktif 
metroTV nu ngabahas bantuan-bantuan ti nagara asing aya nu nelepon 
ka metro TV, sorana rada nyeuneu, pokna teh, kuring kakara balik ti 
ACeh, balad-balad kuring masih digarawe didaritu, nulungan urang 
ACeh, naha kuring jeung balad-balad kuring teu disorot kamera, teu 
dibejakeun, kalahka nyaritakeun bantuan nagara Asing. Ngadenge nu 
nelepon eta, kuring ngahuleng, geuning nu nulungan ACeh jeung boga 
kapentingan teh lain nagara batur wae, tapi oge LSM jeung aktivis-
aktivis politik, buktina tepi ka hayang kasorot kamera jeung diwawar-
wawar ....

> Perkawis Katrina, kaleresan abdi nitenan beritana langsung ti 
>media di dieu (CNN, BBC News, Sky News, jeung ITV). Nyatana tong 
>bororaah urang di Indonesia, pamarentah federal USA we TELAT mere 
>bantuan (utamana mah ka jelema Afro-Amerika nu miskin) nu 
>ngakibatkeun lobana korban ti golongan ieu. Bangsa nu perkasa 
>ngaluarkeun miliar-miliar dollar pikeun merangan bangsa batur 
>geuning kitu ka bangsana sorangan. Upami pamarentah urang dianggap 
>telat nyebatkeun bela sungkawa (kedah dicek deui) naha tiasa 
>dijantenkeun ciren yen "bangsa" urang pinter kodek? Sakali deui 
>patarosan abdi, nu diajngjikeun 350 juta dollar teh sabaraha nu 
>kabuktos? Aya datana?   

Tah soal korban topan Katrina kurang ditulungan ku pamarentah 
fedral, memang leres. Tapi ieu mah soal simpati bangsa urang ka 
urang Amerika nu meunang musibah. Duka pedah ngarasa ari Amerika mah 
nagara beunghar, jadi uarang teu kudu nunjukkeun simpati. Coba 
bandingkeun kumaha reaksi bangsa urang, lamun amerika teu nunjukkeun 
simpati, teu nulungan waktu nagara urang keuna ku tsunami? leuh 
meureun ....sagala sumpah serapah kalaluar.

Soal bantuan 350 juta dollar ka Aceh, kuring mah hentau terang 
jujutanana, naha geus katarima atawa acan, jeung saha nu rek mere 
eta. ARi kuring mah ningalina lain soal jumlah duitna, tapi atensi 
nu gede ti nagara-nagara batur waktu nagara urang keuna musibah. 
Ceuk cenah sagala rupa teh ulah diukur ku materi wae, tapi tingali 
ku kahadeanana!

> Perkawis Tim-Teng, abdi moal manjang tur luar-leor tina jejer yen 
> aksi nagara Amrik ti heula didasaran ku langkung ti curiga (emut 
> yen laporan tim inspeksi nu nyebatkeun teu aya di WMD teu
>  digubris?). Sadaya seratan Abah perkawis sifat urang Arab, malah
> janten panguat argumen abdi yen urang teu kedah tanggah teuing ka
> bangsa deungeun da geuning kalakuannna oge aya nu leuleuwihi ti
> urang. 

Ke perkawis tanggah ka urang deungeun naon maksadna?. Nya tantos wae 
kalakuan nagara deungeun oge loba gorengna. Ngan upama dibandingkeun 
jeung kaayaan di nagara urang mah, hehehehe punten ah eta di Inggris 
kumaha nya? langkung brengsek ti nagara urang atawa 300% langkung 
sae?  

> Sikep netral perkawis konflik ieu? Mangga, teu kedah 
> dipertanggelwalerkeun di dieu, engke wae di aherat; salaku manusa,
> salaku muslim.

Sapuk lah dina soal ieu mah, eta mah urusan masing-masing engke 
diakherat, jeung deuih keur kuring mah urusan Irak jeung Amerika mah 
asa jauh teuing tina kahirupan sapopoe kuring, loba keneh urusan di 
lembur sorangan ge.

Baktos,
WALUYA
 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke