Abdi bade ngiringan urun rembug.

Urang sunda khususna jeung orang Indonesia pada umumna sakali deui ulah jiga nagara/jalmi lain, gampang curiga ka hiji nagara/jalmi wungkul komo ka pamarentah sorangan. Hampir sadaya nagara kapitalis di dunia (Jepang oge da ngabayarkeun biaya kanggo tantara Amrik) teu hoyongeun ayana kebangkitan urang sunda;-) (Dibaca: kabangkitan umat Islam). Ayeuna si Bill Gates gencar2 nuju malak kudu mayar hak Microsoft, padahal ari Aljabar jeung Algoritma teh timana?  Angka 0 s/d 9 teh tisaha? Kudu na mah urang Arab nu nampi royality eta. Cik atuh baraya nu tiasa program komputer sing sadar, memang eta hasil otak baraya tapi otak teh ti nu Maha Pinter, tong ngamahalkeun teuing ameh teu dibajak (Punteun ari kadangu ngabela pembajak, soalna nu bade diajar tapi teu gaduh biaya mah osok mikir nu mirah/gratis).

Pokok na mah urang kudu hati-hati bener lah lamun bade curiga, bisi jadi fitnah. Rugi nyalira.

 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Yudi Irmawan
Sent:
Friday, October 14, 2005 2:55 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: curiga jeung pinter kodek ...

 

Ari bah Willy sok muter kamamana, "curiga teh lain wae kanu ngamusuhan", cobi kalimah ieu diterapkeun ka kalakuan nagara sejen? Sakali deui, pikeun abdi dina kasus Aceh nyimpulkeun sikap ati2 pamarentah kedah ditingal kapasitasna nu ngaluarkeun pamendak lantaran curiga sareng waspada ipis pisan bedana. Upami perspektif ieu teu tiasa ditampi mangga, moal maksa.  Bantosan LSM urang dieu (sareng LSM "dulur" ti bangsa "deungeun") ku abdi disebatkeun soteh pedah dina email Abah ti payun, nyutat tina media, bantuan ti bangsa sorangan teh asa dieuweuhkeun pisan, masih emut seratan ieu?:

 

"Kuring emut surat pembaca dina Kompas, ti ibu rumah tangga di Aceh, anu ngarasa ngangres, waktu nampi bantuan sakarung beas, nu aya merekan "From the people of Japan". Manehna ngarasa ngangres dibantu ku jelema anu teu wawuh, nu lain dulur, nu lain sabangsa, nu teu saagama."

Perkawis Katrina, kaleresan abdi nitenan beritana langsung ti media di dieu (CNN, BBC News, Sky News, jeung ITV). Nyatana tong bororaah urang di Indonesia, pamarentah federal USA we TELAT mere bantuan (utamana mah ka jelema Afro-Amerika nu miskin) nu ngakibatkeun lobana korban ti golongan ieu. Bangsa nu perkasa ngaluarkeun miliar-miliar dollar pikeun merangan bangsa batur geuning kitu ka bangsana sorangan. Upami pamarentah urang dianggap telat nyebatkeun bela sungkawa (kedah dicek deui) naha tiasa dijantenkeun ciren yen "bangsa" urang pinter kodek? Sakali deui patarosan abdi, nu diajngjikeun 350 juta dollar teh sabaraha nu kabuktos? Aya datana?   

 

Perkawis Tim-Teng, abdi moal manjang tur luar-leor tina jejer yen aksi nagara Amrik ti heula didasaran ku langkung ti curiga (emut yen laporan tim inspeksi nu nyebatkeun teu aya di WMD teu digubris?). Sadaya seratan Abah perkawis sifat urang Arab, malah janten panguat argumen abdi yen urang teu kedah tanggah teuing ka bangsa deungeun da geuning kalakuannna oge aya nu leuleuwihi ti urang. 

 

Sikep netral perkawis konflik ieu? Mangga, teu kedah dipertanggelwalerkeun di dieu, engke wae di aherat; salaku manusa, salaku muslim.

 

Baktos

Y 


--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: "Yudi Irmawan" [EMAIL PROTECTED]
> > Teu kedah kamana2 Bah, inti masalah nu kamari diangkat pan masalah "sikep curiga" nu ditapelkeun ka tarang urang
Indonesia. Pikeun abdi simpulan ieu teh teu imbang da geuning aya oge kalakuan nagara maju nu siga kitu, malah leuleuwihi. Terus terang wae, abdi mah rada heran ka jalmi nu tiasana kritis ka bangsa/dulur sorangan tapi kadangkawis teu imbang ningali batur.
> >
> Leres pisan nagara maju oge gede curigana, komo deui nagara anu kantos diserang, jiga Amerika. Tapi ari di
Indonesia mah, curiga teh lain wae kanu ngamusuhan tapi oge kanu rek nulungan, jiga kacurigaan ka urang asing di Aceh nu jelas-jelas arek nulungan, da ku tanaga bangsa urang sorangan mah baroraah katanagaan. Ari kuduna mah urang teh ngahatur-nuhunkeun, lain ku sikep curiga kitu.
>
> >
> > Wates sikep curiga sareng waspada ipis pisan. Urang kedah ningali perkawis Aceh langkung ti hiji perspektif. Dina perspektif kaamanan nagara, kaati2an pamarentah tangtu teu tiasa dicap ngagedekeun curiga da panginten sadaya terang kumaha pentingna Selat Malaka. Perkawis bantuan,
naha aya di dieu nu gaduh data sabaraha persen nu dijangjikeun ku urang deungeun (khususna Amrik) nu bener2 jadi? Tur tong hilap seueur bantuan nu TEU diliput ku media (politisasi media tos jadi rahasia umum). Cobi ayeuna nu masih keneh aya di ditu saha? PKPU urang mana? Mer-C teh saha? Di dieu (UK) aya nu namina Ummah Welfare Trust (www.uwt.org) nu ngirim bantuan ka Aceh: boa2 bantuan nu  disebutkeun ti bangsa deungeun teh nyatana ti "dulur" sorangan keneh!
>
> Upami LSM urang ngabantuan Aceh, teu kedah diageung-ageungkeun, terus dibanding-banding jeung bantuan nagara asing sagala. Ari LSM di urang mah memang geus pantesna kitu, kudu nulungan batur sanagarana. Tapi ari nagara batur mah boh personil pamarentahna atawa LSMna tetep we kudu dihargaan/ dihaturnuhunkeun kana pitulungna lain dicurigaan da euweuh kawajiban kudu nulungan sagala. Tah ayeuna kuring balik nanya, tepi kamana sikep paduli bangsa urang, kana musibah Bangsa AMerika nu keuna ku tofan Katrina? .....cicing, jempe, Presiden SBY wae kakara ngucapkeun kasedihna sanggeus ampir saminggu eta kajadian! (soal cicingna sikep SBY ieu, kantos diributkeun di sababaraha millis, da bangsa urang teh dianggap PINTER KODEK).
>
> > Kanyataan
Iraq nu siga ku Abah serat di handap TEU tiasa dijantenkeun pangbener DISERANGNA Iraq ku alesan "curiga". Masih emut sanes alesan kapungkur Irak diserang? (ieu nu janten inti diskusi, perkawis konflik intern bangsa Iraq mah rada "ngeleor" tina jejer, peryogi thread sejen). Sajarah nu nunjukkeun yen urang Iraq tukang perang oge teu tiasa dijantenkeun alesan oge pikeun lebetna bangsa sejen make cara heuras. Langkung ti eta, upami tesis Abah yen tina sajarah Bangsa Iraq teh sifatna siga kitu tapi tetep wae diserang ku hiji bangsa, kumaha kasimpulan urang kana kalakuan eta bangsa? Sanes curigaan deui atuh eta mah, tapi aya motif sanes! Ekonomi? Politik? Agama? atanapi sadayana? (Moal disebatkeun ah, bisi disebat curigaan...!)
>
> Hih, kuring mah netral soal Irak jeung Amerika mah, lieur ngabandunganana, soalna di Timteng mah pajeujeut sueur teuing kapentinganana. Irak diserang ku Amerika, teu sadayana nagara di Timteng teu satuju.
Kuwait mah malah surak, da baheula kungsi diserebu ku Irak. Arab Saudi pon kitu, eta mah asli balad Amerika. Nu sejen? ningali-ningali heula, nu mana nu paling nguntungkeun nagarana. Yordania plin-plan, kitu deui Suriah. Ditambah ku situasi ayeuna, dimana Irak teh tambah kacow. Ah mending netral we ......
>
>
> Baktos,
> WALUYA
>

 

--

>> yudi irmawan <<

[EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]    


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke