Kenging ngiringan ?
 
Ari ceuk pamadegan simkuring,
 
Matakna diayakeuna lembaga pendidikan, nu nyetak sarjana-sarjana, boga maksud nyetak hiji sumber daya anu bisa ngaluarkeun hiji ideu nu gede mangpaatna, boh keur dirina jeung keur balarea, ngan kusabab aya nungaranna gengsi, loba sarjana atawa kolotna sorangan nu ngabogaan pikiran, yen nyakolakeun budak teh meh menang gawe dikantor, make dasi, gawena teu luut leet kesang.
Tah kusabab geus kuatna opini siga kitu loba sarjana atawa kolotna nu ngarasa era lamun teu gawe dikantoran, kitu deui jeung sarjana Pertanian,
mereunan ceuk pamikiran urang lembur mah, lamun geus sakola dikota, geus sakola luhur, teu kudu bebelokan di sawah
arei dek bebelokan keneh di sawah jang naon sakola luhur, kameak-meakeun duit,
jadi salereusna ieu teh janteun hiji tantangan jang urang kumaha carana urang salaku sarjana pertanian bisa ngarubah opini masyarakat nu model kitu, sangkan urang intina kolot urang teu ngarasa era lamun sing anakna ngabogaan niat dek ngamajukeun patani.
ngan nyakitu tea, kudu inget yen eta teh butuh waktu, butuh kasabaran, oge butuh modal.
 
 
sakitu mereunan pamendak sim kuring
 
baktos
surya
 
----- Original Message -----
From: Cep_Runa
Sent: Friday, October 14, 2005 3:58 PM
Subject: Balasan: [Urang Sunda] Lulusan Sarjana Pertanian ????

he...he...enya puguh kang rosi kabogoh neng luna,
Punten ieu urang ningalna tina sudut pandang milarian padamelan (sanes berwirausaha) :
Atuh upami emang leres teu aya kanggo lowongan para sarjana pertanian anu sesuai bidangna (upami aya oge panginten sakedik), kanggo naon seueur2 teuing lulusan sarjana pertanian teh. Naha ieu teh aya anu salah ? Dipalebah mana salahna?
 
Malihan simkuring ngaraos prihatin, ayeuna anu minat sakola dina widang pertanian sapertosna ngirangan (leres teu nya)? Kirang bergengsi kitu bidang pertanian teh ? Atanapi gara sakedik anu meryogikeun para lulusan pertanian teh ?
Padahal widang pertanian teh numutkeun simkuringmah dasarna anu nyokong sagala kahirupan.
 
jawaban sajujurnamah, kusabab dunia pertanian di Indonesia teu sapertos di negeri lain nu oge dijadikeun kokojo (sertan kang rosi)
 
Naha pertanian teu dijantenkeun kokojo dina pangwangunan ? apanan saurna widang pertanian teh anu pangseueurna nyedot tenaga kerja. apanan saurna pertanian anu tiasa bertahan pas nuju krismon, naha widang pertanian teh mung wungkul janten slogan wungkul, anu teras para patani masihan subsidi ka urang sadayana (para patani mah dikekeyek wae, buktosna: ayeuna saurna harga beas apanan luhur sakedik ti harga pupuk, enya intina mah untung panginten, mung geuningan ngadadak pamarentah mah tetep impor beas ti nagara sejen, saurna swasembada beas indonesia teh). Teras naon hartosna atuh dina Kabinet SBY-Kalla ayeuna aya program Revitalisasi Pertanian sagala, lamun eta kabijakan2na tetep ngarugikeun rahayat tani?????
 
Daripada naekeun harga BBM atuh langkung sae naekun harga beas we atuh, tos jentre pan upami beas mah diproduksi ku rahayat (produksi berbasis rahayat) urang, meureun upami naek hargana para patani teh sumanget berproduksi, cobi BBM apanan eta mah diproduksi berbasis para kapitalis.
 
sakitu heula ah....kalahkah kamana2 ieu teh...urang teraskeun deui ...
cagg...
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke