Www.
Haturan Kang Dida, mangga urang sasarengan icikibung dibakus ieu. Saterasna biasa dimana maen tenis, sareng kang Ikmal? Pami nebeng tiasa? Lapang tenis nu dikantor dibongkar yeuh. Naha tiasa kitu nya kusnet sasarengan maen tenis?
 
salam
tirta
 


Gardiadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ass.wr.wb.

Alhamdulillah,abdi tiasa ngiringan di KUSnet. Nuhun ka para kuncen oge moderator. Nami abdi Gardiadi, sok

disebut Dida wae amih gampil. Ayeuna didamel sareung pak Ikmal (baraya nu ngenalkeun ka milis ieu) di perusahaan produk kesehatan di Jakarta. Pribados lahir mah di Bandung, tapi ti alit dugi ayeuna linggih di Jakarta. Dupi aya baraya nu osok tennis, mangga ku abdi dibaturan. Tos aya buntut hiji, lalaki sareung tos sakola di SD Bhakti Mulya 400 kelas 1.

Abdi ngarasa aya kacocokan visi sareung ayana ieu milis, saha deui anu bade ngalestarikun warisan ti karuhun lamun sanes urang sadaya. Mudah-mudahan wae baraya sadaya aya dina perlindungan nu Maha Kuasa. Anu nuju puasa ramadhan, sing dihampura segala ka khilafan jenung dibukakeun panto sorgaNa.

Mugi ceukap sakieu heula ti abdi.

 

‘’Papagon Agama jeung Nagara Jadikeun Amalan Lahir-batin Ulah Salah’’.

 

Wassalam

Dida


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke