Tah geuningan....sanggeus diimeutan reportase-na, kalintang matak nyumangetanana kana visi "persatuan-kesatuan" Jabar-TS, malah mun perlu mah Banten ge ngahiji deui dina propinsi nu anyar -atawa sakalian nagara federasi - Tatar Sunda ( heuheuheu...ngimpi sugan). Anu matak bungah teh eta deui, anu ngareportase-na teh dukur urang keneh, Kang Enton tea...Nuhun ah Kang, paingan lami teu ngulampreng ka milist.
 
Cirebon Sunda....Sunda ngawengku Cirebon keneh. Sunda anu lahir di Salakanagara (kulon, wewengkon Banten ayeuna), gede jeung sawawa di TS patengahan (ti mimiti Bogor nepi ka Galuh), tur di Cirebon minangka poean rek anggeusanana...sarta tug nepi ka "dikuburna" di Pulosari (kulon deui). Tapi eta mah apan Sunda anu baheula, lain anu anyar anu ngadegna dihudangkeun ku obahna jaman tea. Anu anyar ieu, ceuk cenah, rek bener-bener ngahiji, pada sajajaran, anu ajianna teh pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya di buana; falsafah amal tea: ukuran kamulyaan jelema mah tingali wae amalna, lain agama formalna, komo katurunan jeung status sosial nu lianna mah.
 
Ngan...hanjakal...aya selenting bawaning angin...ceuk cenah deui wae...arek aya "sandekala" heula, mandalayudha heula. Wetan-kaler jeung kulon...nyedek ka tengah...antukna wetan pakidulan jadi panyalindungan....kota pangirutan jadi tempat nyalindung korban sandekala-Kandagwesi hirup deui; anu ngadaun ngora jadi pangjugjugan arinyana anu rek ngariung di Saunggalah...nyucruk mataholang anu luhung--galunggung--pamuntangan anu dipenta tulung memeres anu keur parasea, ngalindekkeun sandekala tea.
 
Naha enya....? Wallohu'alam. Jeung apaning eta mah ukur iber keur ngingetkeun salah sahiji kamungkinan, lamun urang teu carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Ayeuna keur sakieu hareengna alatan perkara ekonomi, mimitina. Ku sabab kitu, upama mandalayudha ieu teu dilawan ku mandalawangi, nya ulah dinaha-naha lamun sandekala teh bener kajadian, nerekab ngabalukarkeun korban patulayah- gagak ngelak luhur tututnggul- dimamana. Mandalawangi? Enya, pake jeung gawe rahayu tea, karya nyata, amal anu nyangking prestasi keur kamaslahatan balarea.
 
Mandalawangi teh mun di lebah leuweung, ngahejokeun jeung miara leuweung kalawan daria,  korpusi reboisasi dipahing pisan; mun di leubah leuwi, memeres leuwi kaasup huluna, sungapan caina nya leuweung-leuweung keneh; mun di pamarentahan nya jadi pamarentah anu hirup basajan, picontoeun, teu susah ditepungan ku rahayatna, daek turun ka handap nepungan rahayat leutik......jst...dina widang kahirupan naon wae aya mandalawangi. Sabalikna, lamun mandalawangi ieu dirempag, nya anu baris lahir, morotontod jadi gede nerekab ka sakuliah sarakan teh nya mandalayudha,,,,sabangsa angkara murka, nafsu kasarakahan, nepi ka peperangan.
 
Muga urang sarerea salawasna aya dina jalan milampah mandalawangi.
 
Cag.
baktos,
manAR
 
  
 

\
 
On 10/15/05, Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
********************************************************************
"...... Cirebon itu Sunda juga, ya Galuh juga. Bukan orang lain, hanya bahasanya yang beda".

Lengkepna sumangga diilo bae di dieu
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0905/04/04.htm

Rampes,

-pun adi-
********************************************************************
--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************
------------------------------
**********************************************
Ringkang-Hanca Poesaka Soenda, parantosna dugi ka:
PS No.04-06 Bulan Oktober-Désémber 1924/Taun ka 3
Kaca 59-61 diropéa ku Kang Iskandar( [EMAIL PROTECTED])
Kaca 62-64 diropéa ku Kang Durahman([EMAIL PROTECTED])
Kaca 65-67 diropéa ku Kang Iim( [EMAIL PROTECTED] )
Kaca 68-70 diropéa ku Kang Dudi( [EMAIL PROTECTED])
Kaca 80-82 diropéa ku Kang Iyan([EMAIL PROTECTED])
Kaca 89-91 diropéa ku Kang Durahman( [EMAIL PROTECTED])
Kaca 95-97 diropéa ku Kang Dadan( [EMAIL PROTECTED])

Cikaracak ninggang Batu laun-laun jadi legok
*************************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke