Mapag Tahun ngajajap bulan nginget-nginget datangna
poe tur napakuran menit, ngasuh detik nu nempel dina
sang bayu anu diasuh ku sang ratu
Kalawan Hurmat
kaula kalawan gusti, nepungan kaarandika nu aya di
tatar pasundan, kaula mere bewara ka jalma anu garti,
ngarti kadiri jeung asal diri, tur maranehna sok
ngasuh kalimahna anu dua. Moal manggihan kaula ka
jalmaanu teu mapaykeun asal kokocoranana, ti mimiti
ieu alam dicipta kunu Maha widi Dzat Waja Ajala, nu
Maha Murbeng Alam, anu mayungan siang kalawan wengi.
Kaula geus aya di harepeun arandika, hai para jajaka,
geura narindak anjeun ka jalma-jalma anu make kedok
anjeun ulah ngabohongan diri andika sorangan! kiwari
geus waktuna andika narindak, tapi nindakna ulah ku
kasar keun bakal dibantuk ku kaula, kula datang teu
ngahaja tapi datang di utus ku sang Rumuhun ti
pajajaran, yen kudu ngabejakeun naon-naon nu bakal
kalakonan di harap ieu, bakal aya barang pakeuwuh anu
datangna ti dapur, anu bakal parebut paham antara
adina jeung lanceukna, ari nu dipaseakeun paisan
kosong, an teu acan pararuguh marebutkeun dalung tanpa
eusi maebutkeun paisan kosong, anu diparebutkeunna
dagangan elmu akidah anu dipake dalih nyaeta Hadist
jeung Quran, harita teu nyaho jatina Al-Quran, naon
atuh ari jatina Quran jeung naon ari hartina Quran
diri, hamo ku maranehna moal kapanggih! sabab
maranehna teu percaya ka karuhunan sorangan atawa
ranggeyanana sorangan, ari karuhun batur di aku di
dama, masing kalah kumaha oge moal-moal kapanggih,
aranjeun kakarek ngalaksanakeun iman mardud nyaeta
Ngayatakeun kabeneran Rosulluloh SAW, ari nurutan
tingah polahna henteu. Sok arandika ari dihayang di
aku turunan kaula geura ngaraku, ku jalan babakti
jeung papada kaula, kaula geus teu butuh naon-naon,
ngan kaula hayang di aku ari carana teu hese.
Carana : dina mangsa bulan aleum kuning, peuting anu
sepi jempling hawar-hawar sora jangkrik jeung sora
simeut di sarada pikalucueun mapaesan sepi jemplingna
peuting anu pinuh ku cahya anu dibareungan ku ratusan
juta para cahaya, ari angin ngahiliwir ngahudangkeun
pepelakan anu ngajadikeun ciri wujud ayatna nu Maha
Widi, anu kudu diakraban ku manusa anu ngabogaan
papakem, angin datang ti sababaraha panjuru arah,
wetan kulon kidul jeung kaler sarta luhur jeung handap
sakabehna nembus kana jajantung myulusup kana jejero
kalbu sumarambah kajero bayah sarta ngancik dina ati
sanubahari, anu bisa ngagugah kana tapakurna diri,
napakuran alam Sagir jeung alam Kabir anu aya di tatar
sunda ieu khususna nya Umumna di saluruh muka bumi,a
nu pinuh ku papaes anu indah sarta munggah jalma anu
napakuran. Panggihkeun babak nyalira, wujudna asal
diri, supaya hanteu manggihkeun kalimah kalih, sok ku
anjeun tempo ka belah kaler pek panggihan dulur di
kaer, sanajan kapanggih paling oge ngan saukur gunung
sarta lamping anu dipapaesan ku nyurugna cai! tuluy
tanya, pasti jawabna panggihan weh dulur di wetan,
tuluy indit deuika belah wetan ngan saukur sang bayu
anu ngahirupkeun sarta ngoyagkeun tangkal samoja anu
nangtung disisi paesan! sok geura tanya ku andika
pasti jawabna tanyakeun wah ka dulur anjeun di kulon,
ari nu dikulon ngan saukur paesan anu katempo
taringgul tutunggul sarta di hias ku lukut anu hejo,
ari jawabna tuh dulur anjeun di beulah kidul nungguan,
sok geura panggihan dulur anjeun pasti anjeun
manggihan gunung anu lenang, jawabna pek ku anjeun
geura tarulisan ku ayat asmana nu Maha Widi nyaeta
pepelakan, anu geus di dathkeun Ku Maha Widi, tah
engke pasti papanggih jeung jatina diri sata papanggih
jeung jatina kalimah sahadat. Tah engke dini hiji
waktu papanggih jeung kaula anu disebut jajaran Ratu Adil
___________________________________________________________
How much free photo storage do you get? Store your holiday
snaps for FREE with Yahoo! Photos http://uk.photos.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/