Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar & Kempelan anu diayakeun dina dinten saptu, 
ping 15 Oktober 2005 ti tabuh 16.30 dugi ka tabuh 22.30 wengi, 
di bumina Kang Akos, Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan 
teu aya rintangan naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara : 
---------------------------------------------------- 
- Kang Akos (jkt)
- Mang Oman (bdg)
- Kang Iim (bdg)
- Kang Maman Gantra (jkt)
- Kang Tirta (jkt)
- Kang Ikmal (jkt)
- Kang Runa (bgr)
- Kang Dudi (bgr)
- Kang Hendri (cikarang)
- Kang Surya (cikarang)
- Kang Kamal (jkt)
- Kang Irpan (jkt)
- Kang Agus Paku (jkt)
- Kang Syam Ridwan (jkt)
- Kang Kandar (jkt)
- Kang Isep (jkt)
- Teh Imas (jkt)
- Teh Neni "Ambu" (bdg)
- Teh Pupi (bdg)
- Teh Mia (bgr)
- Teh Titi (cikarang)
- Teh Gia (cikarang)
- Teh Melly, bojona kang Ndoell (jkt)
- Kang Asri, carogena Teh Imas (jkt)
- sareng abdi : Ndoell (jkt)
...punten bilih aya nu teu kaabsén...

Kagiatan / Acara  : 
------------------------------------------------------------
Ngabahas perkawis tehnis pelaksanaan halal bihalal, 
Buka Puasa, sareng ngabahas perkawis Revitalisasi Yayasan
Perceka (hasilna insya Allah, bade didugikeun ku Kang Runa)


Susunan acara nu tos dipaheutkeun kanggo Halal Bihalal :

*A C A R A*
SAPTU 26 NOPEMBER 2005

08.00~10.00     Daptar, Ngeusian Buku tamu (Teh Pupi & Teh Iva)

10.00~11.00     - Pembukaan (Ku MC : Kang  Gunawan)
                - Pengajian (Ku Teh Iva)
                - Doa (Ku Mang Oman)
                - Sambutan Pupuhu Panitia (Kang Akos)
                - Sambutan ti Pamangku Hajat : Uwa Siddik
                - Sambutan ti Sesepuh Kusnet : Uwa Sasmita
                - Sambutan ti pupuhu YP : Mang Jamal

11.00~11.30     - Pencak Silat (ku Kang Irpan)
                - Dokumenter Kasenian Sunda (Ku Kang Dudi)

11.30~12.00     Sakolepat medarkeun :
                - Dewan Ekonomi Sunda (Kang Runa)
                - Bujangga Manik Research Center (Kang Tirta)

12.00~13.30     Rehat, Sholat Lohor, Tuang Siang


13.30~14.30     - Mintonkeun Kocapi Suling (LS. Gentra Kaheman IPB)
                - Kaleidoskop Kusnet 2005               

14.30~15.00     Mintonkeun Kasenian Sunda :
                - Tari Merak (LS. Gentra Kaheman IPB)
                - Tari Topeng (LS. Gentra Kaheman IPB)

15.00~15.30     Rehat, Sholat Ashar
                

15.30~18.00     - Wawanohan ku cara Kaulinan (dipandu ku Kang Ikmal)
                - Door Prizes

18.00~19.30     - Mandi, Sholat Magrib, Tuang Wengi, Sholat Isya

19.30~23.30     D I S K U S I & R E H A T   K O P I
                - Kusnet kahareup, Tinjauan Strategis, Visi & Misi 
(Ku Mang Oman)
                - Tinjauan Operasional
                - Medar hasil Revitalisasi Yayasan Perceka
                - Program & Kagiatan :
                  * Pabukon (Mang Jamal)
                  * Website Urang Sunda (Kang Eko)
                  * BMRC (Kang Tirta, Mang Oman, Kang Eko & Kang Akos)
                  * Dewan Ekonomi Sunda & Koprasi (Kang Runa)
                - Rarancang Gawe Kusnet Jakarta

(Ogé badé diayakeun acara begadang bari siduru, ngopi, ngabandrek 
& meuleum jagong)


MINGGU 27 NOPEMBER 2005

06.00~07.00     Senam   (Ku Teh Imas)

07.00~08.00     Mumuluk / Sarapan

08.10~10.00     Jalan-jalan ka Taman Bunga

10.00~11.00     Siap-siap mulih deui

11.00~          Marulih deui ka alamna sewang-sewangan....

------------------------------------------------------------
Catetan : Rarancang Acara diluhur mangrupikeun papagon, tapi 
          sipatna fleksibel, tiasa disesuaikeun sareng situasi
          sareng kondisi.
------------------------------------------------------------

Anu sanesna :
- Bilih aya baraya anu bade ngiring partisipasi masihan sumbangan 
  mangrupi tuangeun sareng hadiah kanggo Door Prize, mangga konfirmasi
  ngalangkungan japri atanapi telpon.
- Disayagikeun stand kanggo Bazaar
  nu bade ngiringan Bazaar mangga konfirmasi ngalangkunghan 
  Japri atanapi nelpon.  
- Kempelan panitia bade diayakeun deui bada boboran saminggu 
  sateuacana acara.

Hatur nuhun kanu tos ngersakeun sumping,ti Jakarta, Bogor, Cikarang
sareng ti Bandung. Komo ka kang akos anu tos dirérépot 
nyayogikeun tempat sareng tuangeun. Ogé hatur nuhun pisan 
ka Teh Ika Mardiah anu tos ngintun Brownies bandung, katampi pisan.

Manawi sakitu pedarana kagiatan kempelan teh, kanggo salengkepna 
manawi tiasa ditambihan kunu sanes. Hatur nuhun kana sagala 
perhatosanana.


Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaatuh

-Ndoell-
tukang wawar





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 




Kirim email ke