Ehm! (oge)
Wilujeng tepang Kang Ndoell (da pameget, janten akang pangintennya) sareng sim kuring(tumarema panangan bari jeung imut manis :D). Masih sapriangan timur atuh kuningan sareng tatar galuh mah. Sae-sae, panginten cas cis cus basa korea nya?
teu tiasa ngadongeng puguh oge abdi teh, tiasana curat coret teu puguh yeuh siga kieu :)
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokaaaaaatuh...
Ehm !
Teh Ia, wilujeng tepang ogé atuh...
Nepangkeun...(bari ngasongkeun panangan jeung kulumas-kelemes)
nami abdi téh Ndoell, pameget, kawit mah ti Kuningan
tapi ayeuna nuju buburuh di pausahaan gaduhna urang korea
di Jakarta. Ari padamelan mah sagala rupi, kana cutat-
catut...eh..catet..cubuk-cabak, tapi henteu cubak-cabok mah...
sok ah, diantos dongéngna...
-dul-
tukang teuing
--- In [email protected], sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr. wb
>
> Wilujeng tepang ka sadayana, sim kuring aya ku bingah liwat saking
tiasa riung mungpulung sareng wargi-wargi di dieu. Langkung tipayun,
sim kuring bade ngawanohkeun heula saha atuh ieu teh, nu ujug-ujug,
ojol-ojol posting. Sakumaha nu tos didugikeun ku kuncen, supados sim
kuring teu disaha-saha di "imah" sorangan. Nepangkeun wasta sim
kuring lia, nenehnamah biasa dijaluk eeya (bc:ia), tos merenah
asanateh kakupingna. Kawit ti pakidulan, ti tatar Galuh. Ayeuna nuju
(minangkanamah) damel di salah sahiji konsultan, dibagean pametaan,
nu dumuk di Ibukota, alamat kumplitnamah parantos aya di database
milis ieu. Bilih saupamina aya diantara wargi-wargi (kaleresan
asanamah seueur nu janten abdi nagara :) ), peryogi dipangdamelkeun
peta, sarupaning peta foto, peta garis, peta tata ruang sareng
sajabina, mangga ditampi ku hegar manah proyekna, hehehe. Eh, naha
bet janten promosi kieu nya!
>
> Atos heula ah, wilujeng siang ka sadayana. Wilujeng shaum oge,
mudah2xan urang sadaya dipasihan kakiatan enggoning ngalaksanakeun
parentah Alloh SWT. Amin... Hatur nuhun, tos pada uninga pan
ayeunamah ka sim kuring, teu kenging disasaha deui nya?
>
> Wassalam,
> -eeya-
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

