Haratis.. ? hari geene masih ada yang haratis ? kumaha lamun ngaburudul peserta na kang ndoell ?
----- Original Message ----- From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, October 19, 2005 11:51 AM Subject: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa : ULEMAN HALAL BIHALAL KUSNET 2005 Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadayana, Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah, dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005 nu Insya Allah badé diayakeun dina : Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005 ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - Puncak Acara : - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan - Hiburan & Kaulinan - Kongres - begadang bari siduru, meuleum jagong.... Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét, sareng kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana dina waktosna. Haratis / teu kedah mayar. Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi diantawis baraya Kusnet sadayana. Sakitu anu kapihatur, Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. -Ndoell- Panitia (hususon tukang wawar) hapé : 08129056192 imel : [EMAIL PROTECTED] * PENTING !!! * --------------- Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis : FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2005 26~27 Nopember 2005 Ngiringan : Bade / Moal (pilih*) Nami :..................................................... Padumukan :................................................ I-mél :.................................................... No. telpon / Hapé :........................................ Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih Kendaraan : Motor / Mobil / Umum ******************************************************************** Informasi nu sanésna : * Tempat Halal Bihalal * ------------------------ Lokasina kirang langkung 2.5 ti Cipanas 500 meter ti jalan raya, tiasa mapah/nganggo kendaraan Parkir kanggo 15 mobil, aya lapangan Tennis, Lapangan Badminton sareng Tenis Meja. Nu bade ngojay tiasa ka Kota bunga (500 meter ti lokasi) Disayagikeun 4 Cottage @4 kamer (total 16 kamer) kanggo baraya nu ngabantun kulawargi + 1 cottage anu tiasa nampung dugi ka 50 jalmi. *Bazaar* -------- Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri kanggo konfirmasi. *Door Prize* ------------ Disayogikeun Door Prize kanggo baraya nu sumping. Bilih aya nu bade nyumbang kanggo Door Prize mangrupi barang mangga ngajapri kanggo konfirmasi. *Sumbangan* ------------ Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi. * Susunan Panitia Halal Bihalal* -------------------------------- - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja - Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta Wijaya - Pupuhu : Kang Akos Kosasih - Tukang Cutat-catet : Kang Ikmal, Teh Tia - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim - Tukang Wawar : Kang Nanang, Kang Runa Inawan - Nu ngurus Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri - Em-Si : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik - Nu ngurus katuangan & leueuteun : Kang Surya, Teh Ani, Teh Iva, Teh Pupi, Teh Mia, Teh Anna - Nu ngurus Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra & Kang Yayan - Tukang pilem & motrét : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie" Wibowo - Nu ngatur Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang & Kang Herdiansyah - Tukang Angkag-ingkig : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng ---..tos ah.. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

