muhun atuh leres pisan US teh tikapungkur ge gaduh kalewihan......
 
mangga masing2 US dina bidangna sing motekar, ulah elehan/bosenan....
 
misal tukang baso ti US nya kedah janten tukang baso nu handal, kitu oge bankirna, insinyurna, petanina, guruna, daina, propesorna, jrrd deui teu kaitung tuda loba US teh hehehe...
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Kang Ule,
 
Salaresna seueur sareng tos rada lami seler urang motekar. Ngan nyakitu tea wae, kalan-kalan upama tos dibewarakeun dina koran mah, siga anu nganyaran. Sok sanajan kitu, kalintang saena informasi-informasi sarupi kieu terus-terusan disalabarkeun atawa disosilisasikeun. Teu aya sanes, pikeun nguatkeun tekad urang, yen seler US teh lamun dibere lolongkrang keur tumuwuh mah kacida potensialna.
 
Ngeunaan industri amak (B.Ind: Tikar) di Tasikmalaya memang kaasup salah sahiji kagiatan unggulan anu kenging program pendanaan kompetitif (PPK) Jabar 2006 (proposal 2005). Ngeunaan anu siga kumaha PPK ieu, mangga taros atawa urang antosan wae pedaran Teh Ika anu langkung kompeten ngaguarna. Anu jelas, tujuan PPK Jabar teh diantarana pikeun akselerasi ngudag Indeks Pangwangunan Manusa (IPM) Jabar di taun 2010 ngahontal angka 80.
 
Salian ti Tasik, daerah Garut, ceuk kuring, kawilang boga hiji industri masayarakat (hartina lain pemda di dinya anu jadi panaratasna) anu kacida potensina. Anu dimaksud, nyaeta industri bahan serat tina haramay (pikeun ngaganti bahan serat kapas). Opat poean kaliwat, dina siaran Metro TV aya profile Bu Hajjah Amienah, tokoh haramay di Wanaraja Garut. Tangtu wae, hasil usaha bu Aminah ieu tos ekspor, malah anjeunna kawalahan nyumponan pamenta buyer. Ibu Hajjah Amienah kaasup bentangna dina Hari Koperasi Nasional anu diayakeun di Bandung sababaraha bulan katukang.
 
Hanjakal, kusabab kurang geset jeung percekana Pemda Garut, Garut jeung pertanian -industri anu unggul ieu teu meunang PPK Jabar taun 2006.
Kahareup, sugan pareng, aya maksud ngaguar kunaon sababna pangna perkebunan + industri haramay strategis keur Jabar. Pidu'ana wae
 
baktos,
manAR
 


 
On 10/13/05, Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pembuatannya Ditenun Secara Tradisional
Tikar Tasik dari Lidi Tembus Pasar Ekspor

TASIKMALAYA, (PR).-
Perajin asal Margaluyu, Kec. Manonjaya, Kab. Tasikmalaya, Ujang (47) tidak menduga kalau tikar dari lidi bisa laku dijual ke luar negeri. Padahal dua tahun lalu, Ujang hanya iseng atau sekadar coba-coba membuat tikar dengan memanfaatkan lidi dan jerami padi yang sudah dikeringkan.


PEKERJA sedang membuat anyaman tikar dengan bahan baku lidi di Ds. Margaluyu Kec. Manonjaya Kab. Tasikmalaya, Selasa (11/10). buruh tenun tikar ini setiap hari rata-rata mendapatkan upah Rp 10 ribu.*
UNDANG SUDRAJAT/"PR"


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS





Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke