Leres neng Iva, jaman perang mah relatip rata nya kasangsaraan. Tapi jaman malaise taun 30an saurna mulai benten mana mental emas mana mental loyang. Seueur nu geunjleung jiwa tapi teu saeutik nu mentalna waja nu janten jalmi kasohor sapertos nu ngawangun imperium JP Morgan. Tah diurang ayeuna matak paur teh masalah mental..mental barangmaen, mental pengemis. Eta we dina bantuan langsung tunai keur jalma miskin, katingal runtuhna mental masyarakat. Atuh di Jakarta parapatan jalan oge masjid-masjid pinuh ku jalma nu jagjag tapi namprakeun leungeun jadi barangmaen. Ngeunaan pamarentah....tos we ulah jadi pangharepan margi officerna mentalna sami keuna wabah mental barangmaen.
 
salam
JP
 

iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres kang tirta perkawis soal nu kitu kedah peryogi elmu psikologi. Mung abdi mairan sakedik, ieu ngan saukur sacara garis besarna, saukur ningal ti luar. Dina aya lepatna neda dihapunten.
Perkawis mental manusa dina mayunan sagala rupi tekanan hirup, dasarna mah sami teu di urang teu di nagara sejen. Namina ge manusa, nalurina sami wae sareng gaduh kalemahananana. Mung nu ngabentenkeun panginten dina kasiapan diri urang, lemahna urang sareng situasi nu dipayunanana. Pami tekanan dina waktos perang mah bentenna nyaeta pami perang mah sipatna merata, sadaya jalmi sami ngalaman tekanan, sanasib sapananggungan tea, boh nu leutik boh nu gede, hususna dina tekanan ekonomi. Sareng rasa solidaritas waktu mayunan perang karaosna langkung ageung. Biasana pami gangguan jiwa akibat perang mah mangrupi trauma. Tapi sigana aya wae kasus ngakibatkeun gangguan jiwa/mental nu sejen ge (gila/gelo). Aya teu baraya nu gaduh buktosna?
Sedengkeun pami ayeuna mayunan tekanan ekonomi ku jaman kiwari (henteu dina kaayaan perang), pan teu sadayana sanasib. Aya nu masih keneh mampu, kuat sareng ageung. Janten si nu teu mampu ngaraos dirina rendah, ngaraos teu kalindungi, ngaraos teu adil. Nu kieu disebatna panyakit sosial. Hubungan sasama manusa sejen tos ka ganggu. Contohna bae ayeuna dina soal dana kompensasi  anu ahirna nimbulkeun pasea diantara masarakatna keneh. Nu hiji teu kabere padahal ngaraos kudu dipasihan. Tapi buktina henteu. Tah rasa teu adil samodel kitu nu ahirna jadi nambah tekanan.
Ayeuna kumaha atuh cara ngigelkeunana, nyaeta ku soal kaagamaan, langkung sabar tea, sadar yen manusa mah hirup di dunia pasti rasa teu adil aya wae, kuat mayunanana, pasrah bari terus usaha. Teras pamerentah kudu bisa mere rasa keadilan, lindungan ka masarakat. Masarakat nu mampu kudu langkung ageung solidaritasna/kapedulian(henteu individualistik) ka lingkunganana.
Mangga bilih aya nu nyanggah atanapi nu nambihan. Dicekapkeun sakitu bae.
 
Neng Iva
......


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke