kang si uing rek nimbrung ka mobil kang Ato....tiasa teu kang??....supados gratis..
hatur nuhun sateuacana wassalam, Ayub On Thu, 20 Oct 2005, Ato Riyanto wrote: > Wa'alaikumsalam Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > Aih kabita pisan acara-na, ieu yeuh data pribados Insya Alloh bade > ngiringan. Mudah2an diparinan kasehatan+kasempetan ku Alloh SWT. > > Ngiringan : Bade > > Nami : Kang Ato > Padumukan :Komplek Permata Kopo Blok F69 Rt/Rw:8/14 Kopo Sayati Bandung > 40228 > I-mél : [EMAIL PROTECTED] > Yahoo Messanger ID: jaluwuyung > No. telpon / Hapé : (kantor) 022-457-2244 (bumi mah nuju masang cigana > desember-an kring), 0852-2052-4138 > Jumlah nu bade sumping : 2 jalmi dewasa & 1 murangkalih > Kendaraan : Mobil Kijang 97 kapasitas 6 jalmi (kalebet supir), mudah2an teu > mogok :-). > > Hatur nuhun. > > > > -----Original Message----- > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On > Behalf Of ndoell > Sent: Wednesday, October 19, 2005 11:52 AM > To: [email protected] > Subject: [Urang Sunda] Bewaraaaaaa : ULEMAN HALAL BIHALAL KUSNET 2005 > > Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.. > > Baraya Kusnet sadayana, > > Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah, > dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005 > nu Insya Allah badé diayakeun dina : > > Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005 > ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan > di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - Puncak > > Acara : > - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan > - Hiburan & Kaulinan > - Kongres > - begadang bari siduru, meuleum jagong.... > > Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét, > sareng kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan > sadayana dina waktosna. > > Haratis / teu kedah mayar. > > Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi > diantawis baraya Kusnet sadayana. > > > Sakitu anu kapihatur, > Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. > > > -Ndoell- > Panitia (hususon tukang wawar) > > hapé : 08129056192 > imel : [EMAIL PROTECTED] > > > > > * PENTING !!! * > --------------- > > Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala > rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa > ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : > [EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis : > > > FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2005 > 26~27 Nopember 2005 > > Ngiringan : Bade / Moal (pilih*) > > Nami :..................................................... > Padumukan :................................................ > I-mél :.................................................... > No. telpon / Hapé :........................................ > Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih > Kendaraan : Motor / Mobil / Umum > > > ******************************************************************** > > > > > Informasi nu sanésna : > > * Tempat Halal Bihalal * > ------------------------ > Lokasina kirang langkung 2.5 ti Cipanas > 500 meter ti jalan raya, tiasa mapah/nganggo kendaraan > Parkir kanggo 15 mobil, aya lapangan Tennis, > Lapangan Badminton sareng Tenis Meja. > Nu bade ngojay tiasa ka Kota bunga (500 meter ti lokasi) > Disayagikeun 4 Cottage @4 kamer (total 16 kamer) kanggo baraya nu > ngabantun kulawargi + 1 cottage anu tiasa nampung dugi ka 50 jalmi. > > > > *Bazaar* > -------- > Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet > nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri > kanggo konfirmasi. > > > *Door Prize* > ------------ > Disayogikeun Door Prize kanggo baraya nu sumping. > Bilih aya nu bade nyumbang kanggo Door Prize mangrupi barang > mangga ngajapri kanggo konfirmasi. > > > *Sumbangan* > ------------ > Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan, > atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi. > > > * Susunan Panitia Halal Bihalal* > -------------------------------- > - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja > - Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta > Wijaya > - Pupuhu : Kang Akos Kosasih > - Tukang Cutat-catet : Kang Ikmal, Teh Tia > - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim > - Tukang Wawar : Kang Nanang, Kang Runa Inawan > - Nu ngurus Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri > - Em-Si : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik > - Nu ngurus katuangan & leueuteun : Kang Surya, Teh Ani, Teh Iva, Teh > Pupi, Teh Mia, Teh Anna > - Nu ngurus Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra > & Kang Yayan > - Tukang pilem & motrét : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie" > Wibowo > - Nu ngatur Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang > & Kang Herdiansyah > - Tukang Angkag-ingkig : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng > > > ---..tos ah.. > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

