Kanggo simkuring nyalira, informasi2 anu kararitu teh mangfaatna karaos pisan. Komo deui upami dilengkepan ku informasi2 pengalaman, peluang usaha/kerja jsj.
Kanggo pa' M Rachmat Rawyani, diantos keneh dongeng Mafia Berkeley na.
Tos.. ah
Salam
CakCakBodas
>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>
2005/10/20, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]
>:
Perkara sakola ka luar nagreg ieu, asupan kanggo Dewan
Riset Sunda/ Bujangga.....
Kahiji, pasti seueur wadya Balad Kusnet anu aya di
luar nagreg atanapi anu pendidikanana ti luar. tah
lamun dikempelkeun janten database ku Dewan Riset
Sunda, naha sakolana, disiplin elmuna, pangalamanana.
Kadang-kadang aya informasi anu teu kajentrekeun dina
web resmi pihak kadutaan asing.
Kadua, informasi ieu mangfaat pisan kanggo baraya
KUSnet ngora, anu masih sumanget "tolab ilmi" atanapi
janten TKI.
Katilu, anu langkung penting, tiasa meredih ka
aranjeunna supaya tiasa "ngetrukeun" pangaweruhna
pikeun kamaslahatan Urang Sunda sareng wewengkon Tatar
Sunda. Dina hal ieu, KUSnet anu diwakilan ku
Bujangga.....kedah kedah pro aktif "ngajemput bola".
Kaopat, database anu tos aya teh tiasa janten
"unggulan" produk/jasa layanan KUSnet, pikeun balarea.
(aya rerencangan kuring anu tos janten PR (Permanent
Resident) di NZ, sok janten "nara sumber" upami urang
Indonesia hoyong sakola/damel/mukim janten PR di NZ).
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

