he he.....tos lami kang ieu database kusnet teh malihan mah menu "BARAYA US" teh kahiji nu dijeun kukuirng da tos pasti pamikiran kuring harita aya mangpaatna salila kusnet aya.
Asana mah data kang soni oge tos aya ngan upami teu lepat taun lahir salah taun 2003 maliahn kantos diemutan ku mang siddik perkawis ieu supados di lereskeun datana asana mah kang soni keur dibali keneh.
Sugana kapayun urang lengkepan kang lamun enya aya mangpaatna keur baraya heu heu.....password ke kang urang toong heula ke dijapri.
Ka baraya anu tos ngalebet database kusnet www.urang-sunda.or.id menu "BARAYA US" bilih aya nu hilap password bilih bade ngarobih mangg japri wae ka
[EMAIL PROTECTED] mangga ke dibantos ku para kuncen's. ka para kuncen kuring nyuhunkeun bantosan bilih aya nu naros user+password
Hatur nuhun
@ERN
On 10/21/05, soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kutan...!!???
geuning geus aya "DATA BASE" teh!
boro kuring dina bulan2 ieu teh keur 'agresip 'ngawangkong
soal eta, diantarana jeung: uwa sas, mj, manar,den ndull
agusp jrrd.
he..he... kuring kuper.
kang eko punten "PASSWORD"-na euy!
soni++++
On Fri, 21 Oct 2005 01:49:53 +0100 (BST)
Siddik Wiradireja < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Heuheu.... ah ieu mah sok geruh.....
> leres memang kitu kaayaan sareng tabeat wargi-wargi di
>internat mah....!!,
> boa-boa di alam nyata oge kitu ...??
> Mugi-mugi bae atuh ulah dugika kitu...
>
> ssw
>
>
> Indihiang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Tirta saleresna Database Kusnet teh ku simkuring
>parantos didamel tos bade 2 taun langkung timulai ngadeb
>web kusnet tos aya mung katingalna mah baraya rada
>hare-hare da ti anggota 1500 langkung angota kusnet teh
>sigana anu nembe ngeusian aya 300 an anu nembe ngeusian
>database teh. alamat aya di www.urang-sunda.or.id dina
>menu "BARAYA US".
>
> Malihan sababaraha waktos kapengker anu sok sering
>ngemutan supados baraya ngeusian database kusnet teh mang
>siddik da anjeuna nu sok rajin ningalian teras sering
>ngabewarakeun saha-saha anu "milangkala" anjeuna terang
>di database kusnet sanes kitu mang ?
>
> Malihan tipayun aya usul database kusnet kedah nganggo
>foto cenah teras kukuring teh didamelkeun programna na ti
>300 anggota teh kirang langkung mung 10 urang anu ngintun
>foto teh he he........tah kitu dunya maya mah, sugan atuh
> kapayuna mah langkung aya perhartosana nana kanggo
>ngeusian database da teu sesahnya eta oge lamun enya
>perlu heu heu.........
> Eusi database kusnet kolom-kolomna memang teu acan
>komplit sepertos kasang tukang pendidikan sareng pangalam
>damel insya alloh bari dikeureuyeuh bade dilengkepan, nu
>aya ayeuna kirang lankung anu umum
>(nami,alamat,tlp,padamelan,temapt damel jst) kamari
>siang oge kuring ngobrol panjang lebar sareng kang soni
>rosa perkawis database ieu supados dilengkepan kirang
>langkung sepertos nu aya di plasa.com naon hilap deui
>nami menuna teh.
> Sakitu wae heula ti kuring perkawis "database kusnet"
>mangga atuh kanu teu acan ngeusian geura lebetan dialamat
>www.urang-sunda.or.id dina menu "BARAYA US". Hatur nuhun
>kana perhartosanana.
>
> Salam
> @ERN
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

