mj nuju nyidang msiswa, tapi pesen cenah pangwalerkeun. kapungkur kantos kang dedi, pangurus pabukon mayak cibeber cianjur masihan laporan sareng nyarioskeun kondisi pabukonana nu di cibeber eta.
kaleresan kang dedi ieu ngiring halal bi halal lebaran kamari di cimalati. ongkoh da nu ieu mah masih wargina si ua, janten tereh dugina upami aya masalah, sapertos buku2 sundana kirang, cenah. nya gura-giru jeung buru2 dipangmeserkeun ti karawitan. kapungkur kang Haji (Mamat Jajaka Rahmat Kapakan,balad si Ua sas parasea di kantor cenah) kantos bade ngalongok pabukon banjar 1, hanjakal nu ngurusna oge murangkalihna nuju teu aya, pramuka tea. kahoyong mah mangga dilalongok ku baraya kusnet salemburna masing2. nu urang garut, nya ari kalembur teh panglongokeun. ke lebaran mudik, tonk he love. > *********************** > Mang Je! ngiluan ngabuburit yeuh! > > .... uing nek usil nya! > nu ka hiji : sigana payus Mang, mun kalumangsungan/ kaayaan pabukons urang > teh aya wawarna/review/ atawa carita naon we lah nu aya di eta pabukons, > nek > nu sarius, nek nu sedih, nu lucu, lugu, nu lu lu gua gua ... hehhehe! > (sakalian nyawangkeun kaayaan di lembur, ner teu, Mang?), teu kudu rutin > nu > penting mah aya komunikasi antara KUSnet jeung pabukons nu aya [hag siah, > bagean saha ieu, nyah? :) ] > > nu ka dua: naha ningan balik ngocoblak teh dipajeg deui, nya? kapan > sakanyaho uing mah eta dana ti budpar nu siga kitu teh geus jadi jatah nu > kudu dibeakkeun, ieu mah malah dicokot deui?? asup kamana tah si limalas > persenna?? :PPP > > -pun adi- > *********************** > > 2005/10/19, mj <[EMAIL PROTECTED]>: >> >> >> >> Bah Nano S tos hariwang si kuring teu datang. Maklum, nunjuk si kuring >> salaku wakil KUSnet teh pesenan anjeuna. Jejer bagian si kuring mah eta, >> ngabuburit dina internet. Hanjakalna (atawa sukurna) nu mawa acara teu >> pati wanoh kana internet sigana, jadi teu loba nanya. Hehe. Nya nu >> ditaros >> teh seseringna mah Ceu Aam Amalia, wartawan PR oge sastrawan senior >> Bandung,oge tangtuna, kepala disbudpar, kang H. I. Budyana. Sihoreng >> kang >> Budyana teh urang Sukabumi Kidul. Cenah urang basisir mah biasa nyarita >> tararik, da gandeng ku sora ombak. Enya, kaharti. Nu katilu Pa Maulani, >> ti >> Dewan Masjid Indonesia (DMI) Jabar, nu noong ngabuburit tina aspek >> religius. >> >> Ceu Aam ngaguar soal ngabuburit di kota Bandung mangsa taun 50-60an. >> Harita mah cenah di wewengkon Alun-alun Bandung teh, salah sadua tempat >> sohor pikeun ngabuburit, karek aya dua toko, Dezon jeung toko Tujuh >> kitu. >> Ayeuna mah ngabuburit teh di mal cenah. Harita mah nu ngabuburit teh >> barudak, da sepuh mah (ibu-ibu) di bumi (di dapur) masak, nyiapkeun >> buka. >> Tempat kadua nu populer harita teh taman bacaan nu loba cenah di kota >> Bandung teh harita mah. Tah sugan we pabukon di lembur2 progam YP KUSnet >> oge rame didaratangan barudak sabudeureunana. Program pabukon karawang >> sareng pameungpeuk, bukuna nuju dikeureuyeuh, tos aya sakardus ewang. >> Ngan >> sanes buku2 agama pisan. Da can toko buku/penerbitna. Bakal lila jadina >> meulian buku teh. Nya nu standar we heula, buku bacaan barudak SD SMP. >> Aya >> oge dina wanda bacaan umum jeung komik nu make carita islami terbitan >> Mizan. >> >> Ari resmina mah, waktuna ngabuburit teh bada Ashar nepi ka sora Adan. >> Tapi >> kaci we ti lohor oge. Ngabuburit tina kecap burit (sore). Jadi >> ngabuburit >> teh nyieun kagiatan sangkan waktu beuki (atawa jadi) burit. >> >> Pembaca acara nanyakeun soal KUSnet ka kadisbudpar nu ngaweler cenah >> reueus pisan aya KUSnet, kumpulan urangsudna saalam dunya nu nyarita >> make >> basa Sunda. Nya sugan pareng ka hareup urang penta duitna pikeun >> kagiatan >> KUSnet. Si kuring oge bewara, sing saha nu hayang gaduh digitalisasi >> aksara Sunda, mangga buka web >> www.urang-sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id>, >> di dinya aya kotak >> aksara Sunda Ngalagena. Kari download (disundakeun mah meureun jadi >> donlod) we. >> >> Acara Bruk Brak teh disponsoran ku disbudpar. Ku sabab disponsoran, nya >> nu >> jadi panyatur meunang honor. 400rb-pajeg 15%. Jadi 360rb. Ulah marenta >> nya, keur nambah THR yeuh, ongkos mudik ka lembur. Hehe. >> >> Beres acara, nebeng mobil kang Abdullah Mustapa, carogena ceu Aam Amalia >> nepi ka parapatan bubat. >> >> mj >> >> http://geocities.com/mangjamal >> >> >> >> >> >> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> >> >> >> > > > -- > *********************** > Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea. > Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ > Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED] > ************************ > ------------------------------ > ********************************************** > Ringkang-Hanca Poesaka Soenda, parantosna dugi ka: > PS No.04-06 Bulan Oktober-Désémber 1924/Taun ka 3 > Kaca 59-61 diropéa ku Kang Iskandar([EMAIL PROTECTED]) > Kaca 62-64 diropéa ku Kang Durahman([EMAIL PROTECTED]) > Kaca 65-67 diropéa ku Kang Iim([EMAIL PROTECTED]) > Kaca 68-70 diropéa ku Kang Dudi([EMAIL PROTECTED]) > Kaca 80-82 diropéa ku Kang Iyan([EMAIL PROTECTED]) > Kaca 89-91 diropéa ku Kang Durahman([EMAIL PROTECTED]) > Kaca 95-97 diropéa ku Kang Dadan([EMAIL PROTECTED]) > > Cikaracak ninggang Batu laun-laun jadi legok > ************************************* > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

