asa ku wararaas ngadangu cariosan di saderek ridwandi,
nepangkeun nami abdi agus, aya ku nga gerenyes ku eta carita, inget kalakuan ku jaman baheula,
inget keur ka ngojay di leuwi, inget keur maen sorodot gaplok, keur maen lodong, maen ucing patok, keur ucing 25 an, keur ucing boy-boy an, maen gatrik jeung kasti, ngadu siki naon eta teh nu sok adu keun tea geuningan...
ah .. ku warara as ..
na ari ayeuna kudu ngumbara di jakarta manggihan jalma anu aregois
tos ah asa jadi melankonis kiyeu.
bray ..
twewewewww
Kang agus
On 10/22/05, Ridwandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baheula waktu keur budak keneh di lembur kuring ari bulan ramadhan kieu teh sok masantren kilat nu diayakeun di sakola sewangsewangan.Sanggeus bubar masantren disakola biasana babaturan kuring sok ngajakan ngojay di leuwi ari ku kabeneran balik ti sakola teh kurang leuwih jam sabelasan,terus ka leuwi nu rada jauh jeung neangan nu beresih leumpang kira-kira sa jam.puguh we sampe leuwi panas poe langsung ngojay karasa ni'matna bari gogonjakan jeung babaturan.Balik deui ka lembur geus jam 2.30.langsung nyiapkeun bebeledugan(lodong),beres asar der we patarik-tarik sora... waas ku sorana we kuring mah sampe ayeuna can pernah deui aya jiga bebeledugan,agem,weweg,handaruan teu jiga berecon/petasan teu ngeunaheun kana ceuli...teuing batur mah.Kira-kira jam limaan beres mandi,langsung menta duit ka kolot da geus matuh dititah meuli es balok(di lembur uing karek aya listrik taun 83,jadi can aya nu boga kulkas.bari nguriling neang depot es nu can beak ngabrik jeung babaturan naek sapeda aleut-aleutan....teu karasa maghrib teh da meuli es meni ngantri.ngilu taraweh jeung si bapa.bari keur budak mah ngadon heureuy di tukang.deuh..endahna jaman baheula.Loeragoeng landeoeh,Koeningan1980.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

