Wilujeng Siang

Teu karaos, sasih shaum mung tinggal itungan poe.
duka urang tiasa mereskeun sasih saum ieu
kalayan kajalanan sadaya hal anu wajib tur sunnah
kuurang dijalanan.
kitu deui naha bisa urang ngalaman sasih shaum taun payun
eta mah ngan saukur sawangan, jeung hareupan urang salaku manusa

Rumaos, salila urang babareungan
boh di lembur Kusnet atawa di warung Leboy
sering urang silih eledan silih jewang silih gonjakan

sigana tos waktosna urang silih hampura
mun bisa mah ulah aya nu nyesa


kumargi kitu, baraya sadayana
kangge satiap ucap anu teu kajagi
kangge satiap kalimah nu matak nyinggung kana manah
kangge satiap janji anu kapopohokeun
kangge hate nu ngabogaan sangkaan goreng
kangge sikep nu pernah nganyeurikeun
disuhunkeun pisan hampura na ku sim abdi

Hampura ....... kuring rumaos
Hampura ....... kuring teu boga daya

Minal aidzin wal faidzin
Neda dihapunteun lahir sareng bathin

Taqabalallahi minna wa minkum
shiamana wa shiamakum


baktos
surya





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke