sae ....akang...
mudah2an sing leuwih nanjer deui...
muhun atuh ki sunda teh pami disisiran mah luwis: bisa luas leos: mandiri !.
nyisiran masyarakat nu tos hedonis, serab ku deungeun....
mugi kapayunna ajen-inajen US teh manjing....
pok, pruk-prak, brukbrak, cengkat..mangpaat !!..
wilujeng...for be-em-er-ce..
mabruk awasir sidi !!, selamat/barokah tuk tuan di sasih siam yang ke- 10 terakhir ini..
akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr.wb.Alhamdulillah, poe minggu kamari lengkah BMRC parantos dikawitan dina acara penerimaan mahasiswa baru Institut Teknologi Al-Kamal (ISTA) dina wangun Orasi Ilmiah. Dina acara eta, kuring maparin kuliah terbuka di hareupen Rektor ISTA, Bp. Prof. Dr. AH. Satari (Rektor IPB-Manten) jeung rengrengan civitas akademika ISTA oge mahasiswa baru ISTA taun 2005. Kuring disuhunkeun maparin Orasi Ilmiah, pedah boga pangalaman salaku praktisi widang industri, khususna sistem manajemen industri Jepang.Jejer Orasi Ilmiahna, nyaeta :Pengaruh Budaya Kerja KAIZEN Dalam Perkembangan Industrialisasi"Dina makalah orasi jeung presentase-powerpoint ku kuring diserat :Akos Kosasih Setiawan-Bujangga Manik Research CenterHe he kagok promosi BMRC sakalian.Eusi singketna dina Orasi Ilmiah eta kuring ngaguar ngeunaan superioritas Jepang dina widang industri, utamana industri manufacturing.Kaunggulan Jepang dina widang Industrialisasi nyatana teh disababkeun ku hiji budaya kerja anu meh sarupa dipiboga ku unggal pausahaan Jepang di sakuliah dunya, nyaeta budaya kerja KAIZEN (continous improvement = perbaikan berkelanjutan). Budaya kerja Kaizen ieu, anu aslina mah diadopsi tina ajen inajen kahirupan urang Jepang jaman baheula, tetela bisa dirobah jadi dadasar konsep manajemen modern tur tiasa dilarapkeun dipausahaan-pausahaan sejen di nagara mana bae, henteu mung saukur di nagara manehna wungkul. Kaizen, ayeuna oge geus jadi materi padundengan nagara industri barat. Teu saetik pausahaan ti USA jeung Eropa anu geus nerapkeun sistem kerja Kiazen ieu.Di panungtungan orasi dina ringkesanana, kuring masihan tambahan yen budaya kerja Kaizen anu ayeuna loba diparake ku pausahaan-pausahaan modern teh, lamun urang daek ngulik, tetela geus aya oge dina ajen inajen di Tatar Sunda. Minggu kamari, basa nyusun makalah orasi, kuring meredih ka mang Oman, nyunkeun pangmilariankeun ajen inajen di urang anu ngaharib kana konsep budaya kerja Kaizen ieu. Alhamdulillah, konsep eta kapendak dina naskah heubeul "Sanghiyang Siksa Kandang Karesian (SSKK)", nyaeta palebah paragraf anu unina kieu :"Nya mana kitu, lamun a(ng)geus di karma ning akarma, di twah ning atwah, a(ng)geus pahi kaiilikan nu gopel nu rampes, nu hala nu hayu....."anu hartina kirang langkung :"Karena itu, bila telah selesai menunaikan semua kewajiban dan pekerjaan, periksalah kembali mana yang masih jelek mana yang sudah bagus, mana yang masih buruk mana yang kurang baik..."Konsep ieu ku mang Oman disebut konsep "GALAH CEDEK TINUGELAN".Pas kuring nembrakkeun konsep ieu, loba dosen-dosen ISTA (anu lolobana dosen oge di ITB) helok rada cangcaya lamun konsep ieu memang geus aya dina budaya kerja urang.Dina panutupan orasi, kuring negeskeun yen urang loba teuing serab ku konsep elmu pangaweruh ti luar nagreg, padahal lamun leukeun ditalungtik jeung diilikan, loba oge ajen inajen karuhun urang anu tiasa dijadikeun konsep manajemen modern, siga konsep Kaizen tea.Bubar acara, bp. Prof. Dr. Satari ngadeukeutan kuring ngomong kieu : "Saya baru tahu kalau dalam naskah-naskah kuno di negara kita yang memiliki konsep bagus seperti itu. Wah, saya masih harus banyak belajar dari anda.."Ceun teh "Ah eta mah sanes bagean abdi Pak, aya deui ahli sanesna di BMRC anu bagean nalungtik bab-bab budaya jeung naskah kuno..." He he eta mah bagean mang Oman panginten nya. Sakali deui hatur nuhun nya, Mang.Aya oge Ketua Jurusan Teknik Kimia ITB, Dr. Suryadi Siregar, tetelepek ngeunaan BMRC. Kagok asong, nya sakalian promosi Kusnet jeung garepan-garepan sejenna.Sakitu heula panginten,....Wassalam,baktosna akos__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com
Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

