Mang Oman,
Hatur nuhun pisan kana perhatosanana. Presentasi téh rencanana kaping 12 Nopember. Nuhun pisan upami aya tambihan bahan, supados tiasa ngalegaan pangémut. Boboran dimana yeuh? Abdi mah di Paris waé sigana, teu aya waktos ka lembur.
Wassalam.
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Haturan Kang,
 
Kanggo iraha ieu teh waktosna Kang? Kaleresan abdi teh gaduh sepuh anu di panaruban tea (sami ti fak pertnian Unpad, malah angkatan kahiji). Apan karir anjeunna anu utami memang di perkebunan enteh. Atuh sarana pertanian anu diciptakeun ku anjeunna ngwitan uji-coba kahijina dina kebon enteh (di Cikajang, progrm bank dunia, taun 1976-an). Oge anjeunna kalebet sukses dipasihan tugas memeres kebon anu gamblung dugi ka ngahasilkeunana (Bukanagara).
 
Kaduana, gaduh oge babaturan sd-smp baheula anu ayeuna janten salah saurang manajer di Perkebuna enteh Alkateri sareng Patuha di Ciwidey. Malah tos aya kana sataunan ieu si kuring pirajeunan sok ngintunkeun sarana pertanian (zpt) produk sepuh Panaruban td ka Ciwidey...nya rada waranoh ka manager-manager sanesna.
 
Kang, upamik aya waktos mah (samingguan, upamina --duka ketang da kapotong ku lebaran ieu teh), Insya Alloh sim kuring (kalayan tangtuna dibantosan ku aranjeunna) tiasa sakedik ngotretkeun peta masalah enteh di Jabar...anu real di lapangan (sanes laporan PTPN, punten).
Namung, dina henteu kaudagna oge jadual salira, nya Insya Alloh informasi anu bade disusun ieu teh kana manfaat kapayun, sanes kitu Kang? 
 
Aeh muhun, kaleresan deui enteh teh apan salah sahiji jejer dina JIS (Jabar Infrastructure Summit). Malah lokasi anu dina JIS mah  diantarana di Cimahi Utara (rupina bade digabung sareng program wisata).
 
Sakitu wae heula.
Baktos,
manAR 

 
On 10/26/05, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu 'alaikum Wr.Wb.
 
Pribados kapeto kedah préséntasi ngeunaan (en) téh di Indonésia. Manawi aya anu haat kagungan potrét ngeunaan kebon entéh atanapi hal sanés ngeunaan entéh teras dikintunkeun kapribados kacida atohna. Hatur nuhun kana kasaéanana.
 
Wassalam,


Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS





Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke