He he he, leres keom ieu mah......
Nuhun kang...! iasaan....
dudin supti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
dudin supti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sanes picontoeun:Dina poe lebaran, sakumaha ilaharna di lembur rame pisan anu silaturahim. Utamana di imah para kokolot lembur atawa di para sepuh anu incuna rea. Tamu ti ditu dieu daratang silih hampurakeun dosa. Minantu, mitoha, alo, ua, jeung sajabana.Tapi anu tiheula sok diayakeun teh nyaeta silih hampura antara salaki jeung pamajikan.Eta ge di hiji imah, mang Kemed anu unggal poe pagetreng wae jeung pamajikanana kadenge keur silih hampurakeun."Nyai, akang menta dihampura nya..! Urang unggal poe sok tara kendat pasea..""Eh, sanes Akang anu kedah nyuhunkeun dihapunten mah, tapi Abdi..," tembal pamajikanana"Puguh.. Akang anu loba dosa mah ka nyai teh... Nepi ka Nyai sababaraha kali rek balik ka imah kolot nyai..""Puguh Abdi nu kudu menta dihampura mah!!" pamajikanana embung eleh"Kami nu kudu menta dihampura mah ka maneh teh!" ceuk mang Kemed nyentak"Euleuh-euleuh.. ngambek di dinya teh?!!! Kuring nu kudu mena dihampura ka di dinya mah puguh oge..!" ceuk pamajikanana teu eleh galak"Eeeh.. ! Dewek anu kudu menta dihampura teh ka sia!!!" mang Kemed mingkin galak"Eta si Kemed... meni embung eleh..?!!. Aing nu kudu menta dihampura mah, Belegug!!"Teu lila kadenge "BRAKKK!! BRUKKK!!!! BRAKKK!!! BRUKKKK!!" Mang Kemed jeung pamajikanana silih teunggeul silih sered jiga dina perang baratayuda.Bolay atuh silih lubarkeun teh...***
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

