Wa'alaikum salam,
haturan kang Dade, wilujeng ngariung di ieu lembur mugia betahlah.. kawit timana kang Dade teh? ayeuna padumukan dimana?
punten ah rada seueur tataros, mung supados langkung wanoh wae..
sakantenan sim kuring oge bade nepangkeun diri, wasta pamasihan ti sepuh mah Cecep Wahyu, kawit ti bandung ( Cicadas ) ayeuna nuju di P. Bintan ( Kepulauan Riau ) gaduh anak awewe nembe hiji pon kitu gaduh garwa oge awewe nembe hiji deuih..

baktos,
kang Ule

2005/10/27, Dade Thea <[EMAIL PROTECTED]>:
 

Assalamu'alaikum ka urang sunda sadayana....

Kumaha daramang... sim kuring nembe ngiringan di ieu komunitas, janten nya ngahaturkeun tepang ka sadayana...

Supados sakantenan dina raragad wirehna sasih shaum sakeudap deui bade rengse, sim kuring ngahaturkeun

"Kedaling rasa nu pinuh ku bangbalung hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari. Taqabalallahu Minna Wa Minkum."

Punten bilih basa sundana rada tarzan ma'lum teu tiasa ari kedah murwakanti mah...

Panginten sakieu wae ti sim kuring ke diteraskeun dina waktos salajeungna, hatur nuhun ka sadayana, hapunten….

Wassalamu'alaikum.




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke