Teh, ari wikipedia teh gampangna mah nyaeta "Ensiklopedia anu aya di Internet."

dina wikipedia, urang bisa neangan macem-macem hal ti A nepi ka Z. 1-~

saha anu nulisna ?
Wikipedia teh anu nulisna, sakabeh jalma di sakuliah dunya anu nyieun tulisan ngeunaan salah sahiji hal, terus ditunda dina website  Wikipedia.

Tangtu sabab nu nulisna aya kana juta na, ngeunaan sagala macem, atuh Wikipedia teh bisa kaitung lengkep pisan.

ngan.....
ngan ku sabab anu nulisna bisa saha wae, teu saeutik jalma anu nulisna teh ngan saukur dumasar kana kanyaho jeung pendapat subjektifna.
kulantaran kitu, aya sababaraha hal dina wikipedia ditandaan ku "Masih keneh diperdebatkeun". jeung tanda-tanda sarupa kitu.

tah bisi si eteh boga pangaweruh anu hayang diwanohkeun ka balarea, bisa ditunda dina wikipedia. insya allah mangpaat.



On 10/27/05, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Kumi hatur nuhun, geuning seueur anu kedah di garapnya....dina wiki, mung si teteh teh keukeuh neangan arti "Wikipedia"...teu acan kapendak, eta oge parantos ningal dina kamus Bahasa Indonesia Kontemporer, anu kandelna15 cm, perbendaharan kata 1750, weleh teu aya asal kata wikipedia, naha tina bahasa naon eta..? asa nembe nguping si teteh, punten wae si teteh mah jarang buca-baca....he he...janten panasaran..
 
ipeut.

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mangga buka bae su.wikipedia.org, supados langkung apdol...

isk

On 10/27/05, indung peuting <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Euleuh.....! seueur mus.....mus....mus-san....aya teu mus mualim,. mus-mulyadi, mus-mulyono...he he, punten ah kang Kumi, heureuy.....
Mung eta teteh naros, dupi hartosna "Wikipedia"  teh naon...?



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke