Mangga Kang Gibson.
DIhaturanan uarana ngenaan H. Hasan Mustaffa. Diantos.
 Sateacana, nepangkeun. Si Kuring: Tantan Hermansah. Tatanggi Akang Gibson di CIdatar (emut teu?) Rada oge minat filsafat, sok sanajan bodo pisan.
Baktos,
 
hatur nuhun

 
On 10/30/05, kang_gibson <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Sampurasun Baraya di Tatar Sunda sadayana,
Dina raraga ngaramekeun 'Idul Fitri, ngajurung laku Ramadhan anu
seja miang, sim kuring seja ngabuka tutungkusan, mugia aya
manfaatna. Seja ngaguar masalah anu teu kinten jadi pikiraneun jeung
bahan salah sangka urang ka hiji filosof Agung, nyatana Nietsczhe.
Iwal ti eta, sim kuring oge seja ngorek-ngorek tutungkusan Panghulu
K.H. Hasan Mustapa, salah sahiji Filoosof Sunda & Sufi Sunda, anu
lamun diguar kalayan daria teu leuwih handap ajenna ti para filosof
dunya lianna. Ngan pedah ditulis dina bahasa Sunda & ditulis
(rerana) dina gendre Dangding, jadi teu pati dipirosea, boro-boro ku
bangsa sejen, dalah ku urang Sunda pisan sarua diapilainkeunana. Ari
dipujina mah enyaan, ngan taya anu mirosea (ngaguar). Duka kunaon?
da piraku ari sieun kawalat pedah ngaguar tutungkusan warisan
karuhun?
Tah, baraya sadayana, urang babarengan ngaguar tutungkusan karuhun;
kenbae pajenggut-jenggut jeung nu dugul oge....monyet ngagugulung
kalapa; sahenteuna kasebut aya kahayang.......

Bismillah.........urang kawitan!

Bagian I
ceuk kasauran Nietsczhe dina seratanana "Sabda Zarathustra" (Thus
spoke Zarathustra) yen Pangeran teh geus perlaya, jeung urang pisan
(manusa anu ngagem agama) anu nelasanana. Naon cenah maksudna? jeung
anu leuwih penting ti eta, naon kira-kira hikmah tina eta pedaran
anu bisa kuurang dicandak, dipulungan?

sateuacanna diteraskeun, sim kuring peryogi ngdadarkeun pangalaman
jeung papanggihan kuring pribadi, yen sim kuring pribadi tiasa
langkung ngartos makna kalimah shahadataen teh stutasna neuleuman
ieu pedaran. Kumargi kitu, ieu mah sakadar bagi-bagi
pangalaman......atuh etamah manfaat/henteu na mah mangga
nyanggakeun......... da iru mah tafsir sim kuring, sanes wahyu ti
Pangeran anu kudu dipercaya jeung turut ku anu lian.....

Ceuk Nietsczhe Pangeran teh geus perlaya? ceuk pipikiran kuring, aya
bedana (anu kalintang prinsipil) antara Pangeran geus perlaya
dibandingkeun jeung cariosan Pangeran teu aya..... Perkawis pangeran
teu aya ku simkuring moal dibejer beaskeun da etamah tos jelas (teu
aneh), atheis tea disebatna.....
sedengkeung istilah pangeran tos perlaya mah ngandung harti yen
pangeran teh aya, ngan geus perlaya!! jeung disebat-sebat yen anu
nelasan pangeran teh urang pisan, lain nu lian!

pondok carita satutasna dipikiran dibeuweung diutahkeun, sim kuring
akhirna mah kudu ngaku yen Pangeran teh memang kiwari geus perlaya.
Sabab pangeran anu sabenerna mah geus euweuh dina kahirupan urang;
anu aya teh ngan pangeran-pangeran jieunan imajinasi urang, leuwih
ti kitu atribut-atribut jeung hak kapangeranan teh geus lawas
kuurang (manusia) diambil alih.

diantawis jalma-jalma anu "ngarampog" atribut kapangeranan teh
nyaeta elite agama pisan: nyaeta jalma-jalma anu ngaku2 sabage
ustadz, ulama, kyai jeung rea-rea deui, kaasup para penguasa, anu
baleunghar jeung anu mariskin oge teu tinggaleun. Bule hideung na
mah urang sarerea. Buktina urang sok ngarasa pang benerna ti anu
lian, pang nyahona ti anu lian... jst., bari urangna sorangan
sabenerna mah can puguh aya dina bebeneran, da anu ngaranna Pangeran
mah teu bisa "dicekel deleg"; disebut kitu gening kieu, disebut kieu
ari pek teh lain oge. Ceuk kasauran Penghulu K.H. Hasan Mustapa
(=HHM) (Kinanti Ngahurun Balung) mah:

"Tungtungna ngahurun balung,
guru bukur malar bukti,
rek nyaba jeung Allah saha,
kacapangan ya Illahi,
hai Allah Gusti Kaula,
di nu nebrak di nu suni";

"Kasarung turut lulurung,
Balik deui balik deui,
Sasab dina sisimpangan,
Cerik deui Cerik Deui,
Midangdam neangan Allah,
Lain deui lain deui";

"Kiaina deui kitu,
Tĕpi ka mĕlĕtik budi,
Hidayat ka pangeranan,
Heran ku basa kiai,
Naha bĕt nyĕmbah nyabeulah,
Kumaha jadina hiji.

Tuh pan, sihoreng Pangeranana mah geus perlaya, kusabab urang
geus "nyieun" pangeran-pangeran lian anu kiwari hirup dina pikiran
jeung kahirupan urang. Pangeran (Allah) perlaya dina kahirupan urang
kusabab urang geus nyieun pangeran-pangeran lain dina imajinasi,
pikiran, jeung dina laku kahirupan urang; padahal urang ngaku yen
aya Pangeran (Allah) anu nyiptakeun jeung ngahirup keun urang. Tapi
seuh-seuhanana mah, urang hirup (ngarasa hirup) ku pangeran anu
diciptakeun ku urang sorangan.

Urang percaya ka Pangeran (Allah) anu nyiptakeun jeung ngahirupkeun
urang, tatapi dina kanyataanana mah urang patukang-tonggong jeung
omongan/ kayakinan urang sorangan, da gening urang leuwih percaya
yen urang hirup teh kuusaha jeung hasil usaha sorangan. Gening ceuk
HHM mah:

Ĕnya sore hĕnteu isuk,
Wawuh beurang leungit peuting,
Keur ngeunah gagalayahan,
Keur nyĕri migusti-gusti,
Ngadunungan kakapeungan,
Uyuhan teu dipilain.

Kitu gening urang mah ari keur bungah, nyembah pangeran anu dijieun
(diciptakeun) ku sorangan, keur susah kakara inget ka pangeran anu
nyiptakeun urang (Ĕnya sore hĕnteu isuk).

……..Nyabung….(II)

Baktos,
AG./Bdg.







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke