|
Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh
Wilujeng sonten...Wilujeng boboran Daramang baraya?Mugia urang sing di paparin kasehatan sareng ditangtayungan
ku nu Maha Kawasa sadayana.
Sim kuring bade tumaros kinten2 aya nu nu terang saha,naon sareng kumaha
RWTS (Rukun Wargi Tatar Sunda/RUWAT SUNDA) teh ?atanapi aya baraya anu janten
anggota ?
Numutkeun informasi nu ditarima simkuring ti rencang,organisasi ieu anu
janten mayungan organisasi wargi-wargi satatar Sunda mis wargi Bogor, wargi
Sumedang, wargi Cianjur, wargi Kuningan,wargi Purwakarta,wargi Ciamis sareng nu
sanesna.
Kaleresan simkuring sareng rerencangan diulem ku pupuhu RWTS dinten
Sabtu kaping 12 Oktober 2005 di Hotel Savoy Homan Bandung tabuh 19.00 WIB,dina
acara Halal Bihalal tahun 2005.Insya Allah upami teu aya pamengan simkuring bade
sumping dina eta acara.
Wassalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh TM
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Aya nu terang teu ? RWTS Tajimalela
- [Urang Sunda] Re: Aya nu terang teu ? RWTS Ujang Kemod
- [Urang Sunda] Re: Aya nu terang teu ? RWTS kang_gibson

