Assalamu'alaikum wr wb.,
Sampurasun,

Ka para wargi sadaya, kum henteu diwiji-wiji, sok sanaos rada telat,
henteu kakantun sim kuring ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1426 H, neda sih hapunten samudaya kalepatan. Atuh sawangsulna, ka sadayana anu parantos ngahaturkeun wilujeng boboran siam sareng neda
dihapunten, oge ka anu henteu kantos kumargi ku kasibukan atanapi
jalaran naon wae, kum deui wae henteu ditataan hiji-hiji, sim kuring
ngahapunten pisan oge ngahaturkeun nuhun.

Pamugi poean pangbalikan kana kasucian diri ieu jadi hiji
pangjejer dina raraga urang nanjeurkeun wiwitan anu sajati.

Ari nyorang poean lebaran teh sok inget wae kana hiji nasehat manusa
mulya, panghulu para wali, Syaidina Ali kw tea. Saur anjeunna, kirang langkung kieu: "Poean fitri (lebaran) anu satemenna taya lian ti poean nalika anjeun henteu (atawa pangsaeutikna) nyieun dosa". Rada muringkak bulu punduk inget kana eta papatah mah, boa-boa salila ieu diri teh tacan kungsi nyorang lebaran.

Pamugi wae atuh ka payun mah urang sadaya leres-leres nyangking
lebaran, cunduk taun, unggal mangsa.

baktos,
manAR


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke