Baraya,
Kamari malem minggu aya pajemuhan RUWAT Sunda di Hotel Savoy Homan, Bandung jeung poe mingguna pajemuhan di Pasir Impun. Teu hadir ka hiji oge tina ieu dua pajemuhan, ngan aya anu ngiberan wae jeung si kuring sorangan tetelepek ngaliwatan telepon ka salah saurang sepuh anu hadir (pajemuhan Pasir Impun), oge meunang beja langsung ti anu maparinan ceramahna (pajemuhan anu hiji deui).
RUWAT Sunda
Memeh dijelaskeun mah rada kerung kana istilah "ruwat Sunda" teh, ma'lum anu ngabejaan teh gura-giru dina telepon. Panyana teh ruwat Sunda ea hiji acara pikeun mersihan bangsa/urang Sunda jeung sarakanana tina rupa-rupa "kokotor" akibat kasalahan boh pamarentah atawa rahayat salila ieu. Geuningan sanggeus didadarkeun ku anu diangkir maparinan ceramah dina eta riungan mah, nyatana Kang Toto (KH Thonthowi Jauhari Musaddad ti pasantren luhur Al Wasilah-Cipanas, Garut), karek jelas, yen "ruwat Sunda" teh hiji singgetan ngaran hiji pakumpulan taliwarga US. Anu dimaksud teh "Rukun Wargi Tatar Sunda", disingget "RUWAT Sunda". Hiji pakumpulan inohong Sunda, saurna mah, khususna Bandung, anu diluluguan ku salah saurang mantan pangagung TNI US. Apal soteh bane wae poe mingguna kaparengkeun nganjang ka Al Wasilah, nganteur sobat urang Sarkanjut, Leuwigoong anu asalna tepung di alam maya alias milist.
Kang Toto teu panjang ngadongeng soal naon jeung kumaha wae ieu pakumpulan tali wargi US teh, anu jelas mah anjeunna ngadugikeun eusining ceramahna dina eta panglangungan. Anu jelas, ieu panglawangan kawargian US teh diluuhan ku Gubernur sagala rupa jeung ampir satengahna anu hadir ngaranggo bendo (duka bendo model mana, teu tetelepek). Moal didadarkeun eusining ceramah kang Ajengan nyambut RUWAT, bisi panjang teuing jeung teu lengkep ngadadarkeunana, anu jelas, aya katerangan anu ngarongheap tina saripati "laporan" ti Kang Toto anu nepi ka ayeuna jadi bahan perhatian jeung pamikiran. Singgetna mah "fenomena" Ruwat Sunda nambahan deui hiji bukti keur nguliatna kasundaan tan samemehna ngagolong-golongkeun asup kana kuliat anu mana.
Aya hiji hal anu matak jadi pikiran nepi ka ayeuna: lamun ieu kuliat teh reaksi tina katidera US dina tangtungan (penampakan) balim deui ka na Sunda anu mentingkeun lambang tinimbang eusi, asa-asa "setback" US teh. Anu dimaksud teh upama ayana pakumpulan jeung kagiatan kasundaan anu baralik deui kana ikon-ikon ciri kabudayaan baheula anu geus teu luyu jeung tuntutan jaman, upamana rek ngahirupkeun deui Gubernur salaku ketua adat bari jeung teu disiapkeun papagon atawa paradigma diri eusining laku ketua adat, ngagedekeun simbol bendo bari jeung teu dibarengan kumaha kuduna eusi diri anu dibendo, tegesna leuwih mentingkeun ikon tinimbang eusi, rada pikamelangeun. Melang sababa baris mundur mangpuluh-puluh taun ka tukang. Lir ibarat rek balap lumpat 100 meter ngawahan heula mundur ka tukang nepi ka aya 100 meterna oge. Bangsa deungeun mah geus pahibut mikiran eusining abad informasi, ari urang pagaliwota keneh dina ikon kabaheulaan.
Lain, lain teu panuju kana hukum adat atawa kearifan lokal pikeun pangwangunan ayeuna. Ngan, tangtuna oge kudu diteuleuman heula nepi ka nuwuhkeun kasadaran, dihartikeun ku lambang anu luyu jeung tangtangan jaman kiwari, disosialisasikeun ka sakumna masyarakat supaya jadi hiji perencanaan sosial anu engkena dipungkas ku kreativitas budaya. Ceuk ahli budaya oge geuningan, balik deui kana kaarifan lokal satemenna mah moal bisa da budaya mah geus moal kapanggih anu steril. Ngan, kreativitas eta anu bisa jadi ciri urang berbudaya. Kreativitas teh tangtu hiji hasil tina dialog budaya: antara anu baheula, lokal jeung anu datang pandeuri. Pamugi wae RUWAT Sunda henteu ukur ngahirupkeun simbol-simbol kasundaan anu ukur eureun simet simbol atawa ikon.
Pajemuhan Pasir Impun
Poe juma'ah anu kaliwat mimiti dibejaan yen poe Ahad, 13 Nopember 2005 rek aya pajemuhan di bumina Kang Eka Santosa (anggota dpr pusat, mantan ketua dprd Jabar). Malah nya anjeunna pisan anu ngulemna oge. Si kuring mimitina mah aya niat rek hadir oge kana eta panglwangan, ngan inget poe Ahad teh aya janji silaturahim ka Garut bari nganteurkeun buku keur pabukon di Garut. Kusabab geus tangtu teu bisa hadir, nya malem mingguna teh ngahajakeun nelepon anu jadi sepuh, abah Olot tea. Anjeunna bade hadir, seja ngabandungan wae jeung engke wae dongengna maha ari geus rengse, saurna waktu dihubungan via telepon. Isukna, memeh ka Garut, kaparengkeun tiasa silaturahim heula ka abah Surya, sakalian nganteur sobat anu bareng rek ka Garut. Teu kuhanteu Abah Surya oge ngadongeng yen anjeunna nembe pisan, kl jam 7 isuk-isuk nampi uleman ti Kang Eka, uleman panglawangan di Pasir Impun tea. "Kumaha abah bae hadir", abdi naros ka anjeunna. "Ah moal da abah mah geus rada ngurangan pagempungan sarupa kitu", waler Abah.
Sajajalan balik ti Garut rada mikiran oge, aya naon pajemuhan di pasir impun teh? Ras kamari inget panganteur ti anu ngondang via telepon, cenah rek madungdengkeun hal-hal anu parenting pakait jeung Sunda-US, diantarna, respon kana ucapan "juragan" Ade Nasution tea. Anu ngulem teh malah ngajajeran, Kang Uu, Kang Andung (Menteri Peridustrian), jns bade sarumping. Datang ka Bandung geus rada peuting, rek nelepon Abah Olot teh geus peuting teuing. Isukan wae, cekeng teh na hate.
Tadi isuk-isuk meunang katerangan ti Abah Olot: Anu hadir dina pajemuhan Pasir Impun teh aya kana 500-na, ngan Kang Andung, mah teu hadir. Anu hadir aya sababaraha anggota dpr asal US, oge wakil-wakil ti masyarakat Kampung Adat, saperti Kampung Kuta, Kampung Naga, Kampung Dukuh, jst. "Teras kumaha eusi pajemuhan teh, Bah?", abdi naros ka anjeunna. "Ah duka, da Abah ge teu betah, ngan sajam di dinya teh, saterusna mah mulang wae". "Teras kumaha eta tokoh-tokoh ti Kampung Adat responna?", si kuring naros deui ka Abah Olot. "Aeh-aeh, malah aranna anu naros abah, aya naon cenah ieu tujuan ieu panglawangan teh", waler abah bari teu weleh nembongkeun ciri khasna: ngaheheh. Leuh geuningan kitu?
Moal kitu....panglawungan di Pasir Impun oge----enya ari enya na mah kuliat kasundaan ---ngan.....anu leuwih nyoko kana ikon deui wae
tinimbang kana eusi. Kasus Ade Nasution tea, apan geus rada basi, lain? Naon pakaitna utusan-utusan ti Kampung Adat anu nepi ka diondang ku tokoh US anu ayeuna keur manggung? Wallohu'alam, nurutan abah, seja nitenan wae heula.
Cag.
Baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

