Haturan kang Ya...!
Kamana wae kang Yaya, nyingkur teh mani buni-buni teuing. Asa arang ka lembur kusnet , padahal si ipeut teh sok ngadagoan.....he he
Sami-sami si teteh oge nyuhunkeun dihapunten tiasa sagala kalepatan anu karaos sareng anu heunteu.
Saur teteh mah sami, kang Yaya oge sae, boh dina seratan, undak-usukna paham pisan, komo kang MIKI mah dose n bahasa sunda, tangtos langkung sae. Teteh oge rek nuturkeun hoyong jiga kang ya, sareng kang Miki sugan wae ka hontal, sumuhun hoyong nyerat, nyarios ku bahasa sunda anu sae.. Kitu kang..!
Ari kang Yaya nuju tugas kamana..? tara katingal hurung.
ipeut tea
yr32 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
yr32 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur Baraya Kusnet,
Simkuring nyuhunkeun dihapunten sabudaya kalelepatan, pamugi kadang
wargi sadayana aya dina kabagjaan, Amien.
Baraya, simkuring wawanohan jeung dosen bahasa sunda anu nuju ngawulang
di Australian National University, nyaeta Bapa Prof. Dr. Mikihiro
Moriyama. Anjeunna ngawulang bahasa Sunda parantos lebet dua semester.
Naha geuningan nya dosen bahasa Sunda teh sanes urang Sunda tapi malah
ulang Jepang, muhun tuda ari nu namina dosen mah panan idealna (pami
tiasa) kedah nu doktor nawidangna, tah Bapa Dr. M. Moriyama teh Doktor
dina widang bahasa Sunda lulusan Walanda, beu..sanes ti Unpad nya nu
aya jurusan bhs. Sundana.
Mangga iieu ilo bahasa Sunda Bapa Miki (kitu disebatna), mani sae
pisan, sigana urang kusnet mah kawon bae ku kamapuan bahasa sunda Bapa
Miki, tangtos kalebet abdi nyalira....hehehhe...isin yeuh abdi, mangga
tah aos email ti Bapa Miki:
Kahatur kapayuneun
Bapa Yaya Rukayadi,
MUgia dina danget ieu Pa Yaya aya ginanjar kawilujengan.
Atoh pisan nampi e-mail ti Pa Yaya anu nuju tugas di Korea Selatan.
Oge reuwas da e-mail ti jalmi anu teu kenal pisan. Dupi Pa Yaya ti mana
kenging nami abdi? Ti redaksi Cupumanik?
Tangtos basa Sundana sae pisan da urang Sunda pituin sanaos lami
linggih
di Korea.
Tulisanana dina Mangle parantos diaos sakali. Emutan abdi mah, ieu
carpon (?) teh rupina hiji usaha enggal, ngalebetkeun urang asing,
urang
Korea, dina caritana.
Perkawis kuliah basa Sunda di Australian National University teh nembe
rengse hiji semesterna. Di Ustrali mah benten ngawitanana sareng ahirna
semester teh. Engke sasih Februari bade teraskeun sababaraha
pangajaranana. Dina semester kamari mah 2 kali saminggu, 3 jam
jumlahna.
Anu ngiring teh aya 9 jalmi ngawitanana, nanging tungtungna janten mung
opatan wae. Ieu kulaih teh kuliah basa Sunda anu munggaran di ANU.
Upami
di Univ. Monash mah kantos diayakeun ku Pa Rabin Hardjadibrata anu
nembe
nyusun kamus basa Sunda-Englishna.
Tiasa diaos saterasna eta kamus sareng kuliah basa Sunda di ANU di
http://www.anu.edu.au/asianstudies/bhinneka/bhinneka2-0905.pdf
Upami engke sasih Februari, kamampuanana mahasiswana parantos dugi kana
tahap anu cekap, mangga urang sasarengan maos tulisanana Pa Yaya tea.
Pamungkas, mugi padamelan sareng palungtikan Pa Yaya lumangsung lancar
di Korea Selatan.
sakieu heula wae kanggo samentawis
pun Miki
Rukayadi Yaya wrote:
>Seoul, 10 November 2005.
>
>Kahatur Kapayuneun Pangersa
>Bapa Mikihiro Moriyama
>di
>Panglinggihan,
>
>
>Pamugi waktos dongkapna ieu serat kana pangkonan Bapa,
>Bapa aya dina hibar pangdo'ana, amin.
>
>Kahiji, abdi seja nepangkeun, wasta abdi Yaya
>Rukayadi. Ayeuna abdi dumuk di Seoul, Korea parantos
>genep taun. Dupi padamelan abdi nyaeta panalungtik
>widang bioteknologi khususna widang mikrobiologi. Abdi
>damel di Laboratorium Biomaterials Research,
>Department Biotechnology, Yonsei University, Korea.
>
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

