Dedegan mah jigana kirang langkung sapertos kitu, jangkung 1.78m ari beurat ngan 67 kilo (kalebet begang meureun), Ade Priatna mah urang gang pamandangan tea panginten.
Abdi oge lulus ti ST Banjar taun 80 neraskeun ka STMN Ciamis, Aya rerencangan urang jelat teh ngan hanjakal nami lengkepna kuring hilap, ari dicalukan sih biasana ku nyebat Ius (mun teu lepat ayeuna teh juragan bako), anjeuna sasarengan sakola ti ST dugi ka STM.
 
Hapunten kang Hari ari kana nami sok gampil pisan (geuning kanikmatan hirup dina hal memori teh sakedik kedikeun tos dikurangan ku Alloh), mun tepang pa amprok jigana moal bireukeun.
 
Wassalam,
Asep

Hari Wibowo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nepangkeun oge kang Asep Priatna (asa wawuh, abdi kapungkur gaduh rerencangan namina Ade Priatna dedegan na alit tur sopan deui)

Abdi Bowie (Hari Wibowo) asal ti Banjar Jl.Gudang teras ngalih ka Jl. Cimaragas/ Pintu Singa (caket SMAN 1 Bjr)

Sakola ti SD tug nepi ka SMA di Banjar (xSMAN Bjr lulus th.84/85)

Ka kang Rachmat mah rerencangan saangkatan sareng raka basa di STN na

 

 


From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of asep priatna
Subject: Re: [Urang Sunda] Pabukon di Banjar

 

Abdi mah kawit ti Cikabuyutan Timur, namung kaleresan ayeuna nuju bubuara di kalimantan timur.

Nya sakedikna sakali tina tilu sasih osok ngahajakeun ngalongok pun biang sareng bapa di Banjar.

 

Wassalam

Asep



mamat rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Sumuhun Kang yayat.. abdi teh ti Banjar... tepatna Jl. Ciamis No. 58, Parungsari....

ti taun 1973 abdi tos ngumbara,

ngadon sakola ka Bandung, sakumaha do'a kolot urang, .....

neleng neleng neleng negkung,

Geura gedeeee, geura jangkung...

Geura sakola ka Bandung...

 .......

Pabukon di Banjar teh aya na di Jelat, Jalan cagak...

Taroskeun wae Bumina Bapak Aang Hendarisman/ Ibu Aas.. moal bireuk deui.. (Tlp. 0265-743525)

da anjeunamah lahir, gede, sakola jeung digawe didinya.....

 

aya sabaraha cara :

 

1. Upami bentukna buku tiasa langsung ka Pabukon, atanapi ngalangkungan YP PERCEKA...

    (kamari tos dibentuk.. MANTRI PABUKON teh Kang.. helove deui).

2. Upami bentukna artos kanggo waragad anu aya kaitanana sareng Fasilitas PABUKON sapertos Plang.. atanapi rak buku tiasa langsung ka Pabukon,

    atanapi ngalangkungan YP PERCEKA... atanapi ngalangkungan Abdi (upami kawidian ke YP), engke ditransfer ka Banjar.. di JAPRI wae .. 0811-219604.

 

Ari Kang asep posisi dimana ?

 

----- Original Message -----

From: asep priatna

Sent: Monday, November 14, 2005 8:37 AM

Subject: Re: [Urang Sunda] Pabukon di Banjar

 

Nepangkeun, simkuring oge urang Banjar, morojol ti beuteung indung oge di Banjar. Ngiring bingah ku ayana Pabukon ratis di Banjar.

Kumaha carana pami sim kuring seja nyumbang sakedik-kedikeun.

 

Wassalam,

yayat cipasang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang Mamat teh urang Banjar? Kenalan, abdi Yayat R Cipasang, lahir di Cipasang, Tambaksari, Rancah, Ciamis. Kang perpustakaan teh tepatna di mana. Upami ka Banjar abdi hoyong ningal. Abdi oge gaduh mamang di Banjar namina Bapak Dasri (Dede) Priatna, mantan Kepala SMKN 1 Ciamis.

 

salam

 

http://yayat-cipasang.blogspot.com

Para Wargi KUSNET sadunya …
Sok sanaos rada telat teu he-love Pribados ngahaturkeun wilujeng
boboran siam, sakantenan bade neda pengapunten ti sadayana
sok bilih aya seratan anu matak teu genah kana manah… punten… pisan…

Iwal ti eta, bade laporan hasil kunjungan ka Pabukon PERCEKA di
Banjar…
Buku anu kantos dikintunkeun ayeuna tos disimpen dina Rak sakumaha
mistina,
Dina raraga Ramadhan sok seueur anu ngahaja dongkap kadinya bari
ngabuburit..
Buku anu dipikaresep sesuai sareng segmen-na masing masing :
1.      Kolot     : anu dibaraca teh Mangle, Bodor, Agama jeung buku-
buku heubeul.
2.      Barudak : Pengetahuan umum, pangalaman orang sukses,
penelitian.
3.      Murid    :  Refrensi buku-buku sunda dises uaikeun sareng
tugas ti Sakola.

Unggal anu dongkap diwajibkeun ngeusi buku tamu, dugi ka Kaping 1
November 2005 teh aya kana ratusna anu tos darongkap ka eta Pabukon.
Aya budak duaan anu meh unggal poe saba'da mulang sakola sok didinya
wae ngadon maca, buku baceun karesepna geus meh erep, sakapeungmah
sok ngajak babaturanana ka Pabukon lamun aya tugas Bahasa Sunda ti
Sakolana, … milarian referensi.

Bapak Aang pacabakananan di Proyek Citanduy, atuh Ibu Aas (istrina)
janten Dosen di SD Pataruman, upami enjing-enjing eta Pabukon sok
dititipkeun ka tatanggina bilih aya anu dongkap, geuning dilemburmah
ilahar keneh masrahkeun konci bumi ka tatanggina bari sakantenan
pang-nungguan-keun….

Aya pameredih ti Ibu Aas, upami aya deui anu bade nambihan
kahoyongna teh buku-buku Dongeng, Carita Rakyat/ Legenda, Mangle,
Bodor, Agama, Ilmu penegetahuan, Penelitian jeung buku pellajaran di
sakola cenah.

Pabukon teh namina Pabukon "PERCEKA" , ngan teu acan nganggo Plang…
cana aya waragadna cenah, aya oge salah sawios LSM didinya bade
nyumbang Plang- ngan namina hoyong sakahayang manehna, ku Ibu Aas
ditolak.. engke wae ngadamel nyalira cenah....

Keun Sabar ... Ibu ke aya ti Kang Wibowo  BI Jakarta..

Naon deui nya ???..... ah cag heula …..
Foto-foto bade langsung dipasihkeun ka Kuncen (waktos Kongres) sina
dilebetkeun kana database Foto..

Wassalam

Mamatrachmat mantan jajaka kapaksa







Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke