punten Mang J, teu tiasa sumping, padahal tos diagendakeun ti sasih saum keneh, da kantos kekempelah aalitan sareng mpup, kang Im, Iva + Jang Kumkum.
nguping gosip aya STO-na Ua Sas, jol hareeng we, hayang ngapung ka Rajamantri, da moal tiasa lulumpatan dina kareta deui ari ukur ka Rajamantri mah.
,....
On 11/14/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nu sumfing:
1. ua sas + garwa + aki
2. bah willy
3. bah toto (KUSnet veteran) + garwa
4. kang mamat rachmat tapak jajaka, baraya onom + garwa
5. kang sony rosyan wanara kumincir (salah sahiji 'game' karyana, judulna
eta) kaselang ku uleman heula.
6. teh Ika Mardiah + rerencanganana
7. Arjaun eh, Kumi + Pupi (dina sastra klasik sunda mah Rusdi + Misnem)
8. Agus Pakusarakan
9. mj salaku tukang teuing.
kang asep salmon teu tiasa sumfing nuju noong satelit telkom 2 ngapung ti
cibinong.
kang oman manar teu sumping da nganteurkeun buku ka pabukon Pameungpeuk.
kang mgt teu tiasa, istrina nuju teu damang.
hasil:
wareg Sangu Tutug Oncom..
eh, perluna diayakeun kongress nu ieu teh eta pikeun meresan nu kudu
dibeberes. make jurus caina herang terorisna beunang. nu jelas mah
kahayang baraya teuing saha nu hayang miluan babarengan gawe sabisa-bisa
mekarkeun Yayasan Perceka (nu dijieun ku baraya) KUSnet baris diwadahan.
ku mangrupa usulan program naon bae nu patali jeung cita2 yp-urang
sadayana. eta kitu sanggeus noong tolombong, yen kalolobana embung misah
dina harti ngadeugkeun wadah sorangan. tapi gabung di Yayasan Perceka,
sabab cenah YP identik jeung KUSnet. padahal kitu teh da ngan karek aya yp
wungkul.
hartina gagasan federalis teu pati payu.
perkawis ngaganti pangurus nu teu aktif. ti wakil ketua, sekretaris jeung
bendahara, oge usulan aya divisi2 nu masing2 ngagarap hiji dua widang, oge
diwadahan. tapi si kuring salaku jurig cai miharep nu hayang teh ti
pribadina sorangan, lain ditunjuk. sangkan ridona atawa relana ku hate.
kereteg soranga, make modal cinta nu keras kepala tea sangkan susundaan
urang aya bungkeuleuk bin bukurna.
ke heula, ngabayangkeun Sangu Tutug Oncom heula. enya, pedo euy. hehe
program sanes saleresna mah di Akte teh loba keneh. ke urang cemplungkeun
jeung urang lelang, saha nu kersa. da seueur keneh lolongkrag mah.
sadayana nu kabita tiasa ngiringan. ulah sieun teu disatujuan atawa
dicarekan, asal caina kudu herang tea.
pabukons
aya ide, yen unggal kabupaten misalna, aya koordinator. nu mariksa atawa
nganjangan sabisana, bari sakalian ari mulang ke lembur. kang Soni kersa
pikeun jadi koordinator. di ciamis karek aya hiji, kitu ge pabukon
sumbangan ka SDN Sirnagalih, desa gunungcupu cikoneng ciamis. kang mamat
rachmat kersa wewengkon banjar, kang Runa cenah bogor. kang iim sumedang,
jrd. garut duka saha tah. kang oman atawa kumi. kaci koordinator ieu oge
bari ngarangkep midamel unit sanes.
lambang
kang sony usul, kumaha mun lambang yp teh lain kujang wae. sabab kujang
teh geus loba jeung siga eta2na lambang US/TS teh. enya, yayasan rancage
make gambar angklung. jenius tah. sabab angklung teh original sunda.
kapikir make gambar payung tasik. tapi di china siga aya. mirip. ke urang
tapa heula sugan.
mangga kanu sumfing, bilih bade nambihans.
mj
http://geocities.com/mangjamal
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]oups.com
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
--
--Roisz Tèa
Mugia Urang Balarèa Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujengan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci
http://roisz.multiply.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

