mang jamal, muhun kitu tah numutkeun buku nu diangkat tina disertasina juragan miki mah perkawis basa sunda di abad 18an upami teu lepat mah. mung aya hiji hal nu tiasa dipetik tina seratan pa miki teh antawisna: hiji, sumanget nyerat atanapi basa tinulis dina sagala perkara ku basa sunda waktos harita digedurkeun ku sakadang walanda dikalangan para 'menak' sunda utamina menak (elit) agama, sok sanaos panginten kanggo kapentingan walanda, saterasna eta menak teh lebet ka elit birokrasi ku jasana walanda, kongkretna dibenum jaranten bupati aya nu di Lebak, Cianjur sareng lian ti eta; kadua, walanda masihan fasilitas mangrupi penerbitan2 kadieunakeun mah Balai Pustaka tea kanggo nyebarkeun tulisan2 tea, oge disarengan ku panalungtikan2 dina soal basa, malihan mah saurna nya tarekah walanda tea basa sunda lulugu nyaeta basa sunda di wewengkon priangan dianggap basa sunda nu pantes diajarkeun ka barudak sakola. Cindekna mah katingalna upami bade diadaptasi ka situasi ayeuna, kedah
aya tarekah ti urang sunda kanggo ngalakukeun nu disebat "Politik Bahasa atanapi Politik Kebudayaan", upami alim panjang teuing ngalengkah mah saleresna Perda nu aya hubunganna sareng hal itu di jawa Barat tos aya mung kantung ngaropea kumahan prak2anna, teras oge kedah langsung ngaakomodir realitas basa di wewengkon jawa barat sanesna, sapetos cirebon+pantura nu rada benten (dialekna) ti basa sunda priangan, ku emutan sim kuring di wewengkon eta teu kedah dipaksakeun kedah tiasa basa sunda priangan, da tos benten jamanna oge. nuhun
dmar
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang Ya, sigana tos terang, desertasina kang Miki tos diindonesiakeun oge
dibukukeun ku KPG (kepustakaan populer gramedia), Semangat Baru, judulna.
si Ua Sas, abdi tos gaduh bukuna. kantos diresensi ku kang hawe di Kompas.
sigana tiasa di pilari di kompas.com
tina bukuna eta, janten terang yen basa sunda teh kungsi ku walanda
dianggap masih keneh basa jawa ngan basa dialek. tapi ditalungtik deui,
beda pisan jeung sihoreng basa mandiri cenah. oge dina buku ieu aya carita
yen basa sunda haritaa ngan aya jeung dipake ku urang sunda di gunung jauh
ka dayeuh. disebutna oge basa jawa gunung cenah. basa sunda ayeuna teh
hasil sasatna, hasil tarekah walanda sangkan diaku di dayeuh. sabab basana
ge kungsi dianggap paeh jeung karek kapanggih ku walanda ngan dipake ku US
di gunung wungkul, di dayeuh make basa jawa.
mj
http://geocities.com/mangjamal
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

