----- Original Message -----
Sent: Tuesday, November 15, 2005 10:25
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] (yp) lelang
program yayasan
Tah ieu kang Jamal anu dipikahoyong ku sakumna urang sunda khususna si
teteh. Kamari oge waktos mudik ka lembur aya anu ngajak ka Ciadun, si teteh
mani giak hayang terang laut kidul. Padahal kamari masih aya waktos tiasa
kukurilingan heula kanggo wisata budaya anu ku kang Jamal tos di serat, mung
can apal tea, sareng ka saha minangsaraya, antukna ngaringkuk teu
kamana-mana. Tah ieu garapan teh bakal pihadeeun, untung keur sarerea. Sok
atuh, ka baraya Kusnet mangga geura garap ieu lahan bakal sae. Tahun payun
upama aya umur jeung aya rizkina si teteh hayang ngurilingan tempat-tempat
wisata budaya anu aya di tatar sunda. Nuhun kang...!
teh tien
(Kapayun mun tiasa mah, acara HBH teh piknik anu nguntungkeun
sarerea.Sapertos wisata budaya tea, ngarah US kusnet, terang...! khususna si
teteh, jeung resep wae lah bari ador-adoran.....he he)