Baraya sadayana,
ieu mah mung rek manjangan keterangan mang Jamal wungkul.
Leres sakumaha anu parantos didadarkeun ku MJ, yen ngadegna BMRC ieu teh ulah teuing jadi pikahariwangeun.
Kulantaran wangun organisasi BMRC teh saleresna model organisasi anu fungsional.Lamun ceuk politikus tea mah, BMRC teh henteu kamana-mana, tapi aya dimana-mana. Henteu kabeungkeut ku susunan struktural organisasi. Jadi anggota anu icikibung di BMRC oge tiasa ancrub ka organisasi sejen anu luyu jeung widang anu dikahayang & dipikaresep.
Lamun tea mah rek disebut federal, nya henteu federal dina hartian pepegatan. Angger, anggotana masih keneh miboga KTP anu sarua. Jadi bisa aktip dimana bae.
Lamun dititenan mah, Kusneters anu aktip nya
si eta deui eta deui.
Wassalam,
baktosna akos
mj <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
tadi tos ngobrol via telepon sareng kang Akos. kang Akos di kantorna, si
kuring dina angkot aceh. perkawis BMRC nu bade dina wadah nyalira alias
independen/mandiri, hartosna teu dipayungan YP.
tah gening aya nu ngangge cara federal. justeru eta nu saleresna
diarep-arep teh.
alasan teknisna, memang langkung praktis. sanajan siga dareukeut, di
internet wungkul deukeut teh. aslina mah di jakarta, bandung, luar nagreg,
jsb. kabayang mun aya kaperluan ngadadak, perlu pisan tanda tangan pupuhu
yp, urang jkt kudu ka bdg. sanaos tos aya cipularang, keukeuh we teu
praktis. perlu 2.5jam minimal. mending mun si kuring nuju rineh, mun nuju
disaur rektor, atawa mun keur ngawadul di kelas atawa nyidang anak batur
jadi sarjana. kudu nungguan heula deuih.
plis, deh...
pasosore kamari, sms-an sareng kang tjahya gunawan, pemred kompas bdg.
intermezo cenah. biasa, diskusi susundaan.
nepi ka soal US hese guyub. saur (prof.) edi s ekadjati oge (prof.)
ajatrohaedi (mang ayat), nya da baheula US mah ngahuma, lain patani sawah.
kaharti oge. tukang kahuma mah pan jarauh, jaba meureun sering pindah oge
ari beres panen. jadi hese panggihna. jeung teu biasa guyub. paingan cenah
prabu siliwangi dilambangkeun ku maung, da maung mah individualis, ari
singa mah guyub, siga lambang2 sababaraha nagara eropa. hehe. duka tah.
kang gun nyarita dina sawah oge, US mah sok nepi ka parebut cai, US mah
sok nepi maen bedog cenah. hehe. adat maung cenah.
janten konsep federal atawa individualis kitu teh teu kedah diwadahan kana
goreng atawa hade. nya geus nasib we meureun. kari urang na bisa ngigelan
eta adat. nu teu bisa ngigel nya ngebor we siga inul. atawa jogedna siga
oma irama we.
upami aya patarosan mun federal, berarti aya washington dc na. diurang
aya? aya, kusnet. presidenna? teu aya, nu aya teh presidium we, kuncens.
tapi mung purah ngurus tertib-teknisna milis kusnet.
wilujeng + good luck.
mj
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

