Kang Rachmat,
Perkara rencana ngawangun waduk di Sumedang, Jatigede tea, oge fasilitas ngokolakeun runtah jeung bandar udara di Majalengka apan geus dikotretkeun dina buku Jawa Barat Infrastruktur Summit (JIS) 2005. Sigana asupna pamodal anu tadi teh lajuninglaku tina JIS, sabab pamarentah Jabar, ngaliwatan JIS, ukur mere lolongkrang investasi (kitu oge polana teu sakabehna bagi hasil, sigana, aya oge anu nganjuk alias kudu dibayar).
Aya sababaraha catatetan ngeunaan JIS, diantara:
1) Pamarentah di tingkat daerah, lokasi kagiatan JIS, tina sababaraha anu geus kapanggih, umumna awam pisan kana rencana di tingkat (pusat). Upamana, Garut jeung program kebon tiwu+industri Gula di wewengkonna, sakumaha dina JIS, teu apal-apaleun enas-enasna kagiatan. Pon kitu deui, nalika aya investor anu kataji ku eta program menta data status lahan jeung rencana daerah kana eta kagiatan JIS, daerah teh ngabigeu;
2) Aya sababaraha "second opinion" kana program-program JIS anu umumna nolak atawa sakurang-kuranga ngusulkeun milih cara sejen anu leuwih aman pikeun ngahontal udagan JIS. Upamana, keur program waduk Jatigede, udagan meunang sumber cai, listrik, irigasi, jsb udagan JIS waduk Jatigede teh leuwih hade ku program leuweung talun anu leuwih nyoko kana program anu luyu jeung "kalayakan" lingkungan jeung budaya, kaasup budaya teu ngahutang gede-gede. Ngawangun waduk Jatigede ditenggeran baris rugi, sabab salian ti lokasi poros bendungan teh daerah labil (sacara geologi), oge walungan Cimanukna geus pinuh ku taneuh (lumpur) erosi. Leuwih hade cenah ngahadean leuweung ku cara ngagerakeun sumber daya masyarakat.
Kamari meunang beja ti hiji sepuh, Pemda Sumedang rek ngayakeun riungan jeung kelompok anu nolak diwangunna bendungan Jatigede, diantarana pakumpulan DPKLTS anu geus kungsi ngirim surat ka Presiden, kaseunggah lamun Jatigede jadi diwangun (hutang ngagedea, bendungan teu anggeus malah diprediksi nimbulkeun bancangpakewuh). Malah ceuk "ramalan" sababaraha tokoh masyarakat mah nya ieu Jatigede pisan anu bisa nimbulkeun sandekala, aduregengna "mandalawangi" jeung "mandalayudha", di Tatar Sunda teh. Wallohu 'alam.
3) Soal runtah anu arek dikokolakeun ku Swedia...lain teu panuju, ngan kahayang teh cik atuh Pamarentah teh engeuh yen di masyarakat oge aya potensi anu hade pikeun ngurus runtah bari ngahasilkeun barang anu manfaat (gemuk keur tatanen). Pikeun hal ieu, si kuring nyaksian sorangan rarancang ngokolakeun runtah jadi gemuk NPK super teh geus kailo ku para pangagung di Pamarentaha Jabar. Tapi geuningan kalah ka Swedia anu kapilih. Naha ari bangsa urang leuwih percaya atawa masih tumut dipakieuh ku seler sejen kitu? Naha leuwih wawuh mana kana masalah, kaperluan jeung potensi keur nyumponanana ti masyarakat jeung sarakan urang antara urang-urang keneh jeung bangsa sejen? Naha teu leubeut ku kapentingan ekonomi jeung budaya inyana lamun seler sejen anu kapeto?
Pikeun ngaakomodasi pikiran, lengkah jeung strategi anu hade buah pikir bangsa urang sorangan lengkah anu bisa disorang ku pamarentah (Jabar dina lebah dieu) teh satemenna teu bangga. Kari ngumumkeun dina media, uleman pikeun presentasi program anu dimaksud, geura moal teu jul-jol anu nyambut. Karendah-hatean pamarentah dina lebah dieu kacida diperlukeunana. Saterusna, diuji wae kalayakan jeung kompetensina ngalibetkeun pakar-pakar anu independen. Samodel program pendanaan kompetiti keur ngaronjatkeun IPM engkena mah prosesna teh.
Peun sakitu wae heula.
Baktos,
manAR
On 11/16/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring kenging beja, ceuk cenah Pemda Subang tos
ngajukeun usulan proposal, diantawisna di wewengkon
Sumedang bade aya situ/waduk tempat rekreasi anu
hebring, teras aya tempat pengolahan limbah/sampah anu
panghebringna sa Indonesia, ngangge teknologi ti
Swedia, anu kapasitas pengolahanana teh minimal kedah
aya 930 ton/dinten.
Waragadna eta kanggo ngarealisir proposal eta teh aya
kana 2,5 triliyun rupiah.
Cik, atuh bilih aya baraya KUSnet anu terang program
eta, dongengkeun di dieu.
Informasi ieu teh kuring kenging ti hiji sindikat
pemodal, anu ngabiayaan eta program. Ceuk salah sawios
anggota sindikat eta nyarios ka kuring, "sok saha anu
peryogi modal/dana pikeun ngawangun hiji
proyek/kagiatan ajukeun wae proposalna ka kuring,"
ceuk manehna teh. Ieu sindikat teh asli pituin urang
Indonesia.
Teh Ika Mardiah, jigana upami bandara Majalengka bade
dibangun, tiasa nambut modal ka sindikat eta tah. Tapi
saha anu bade jadi "penanggung jawabna", Pemda
Provinsi atanapi Pemda Majalengka?
baktos,
mrachmatrawyani
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

