tah, enya, Daeng Iwa, kusnet heubeul ti jaman keur sakola keneh di lembur
jusuf kalla. unhas makassar, jurnalistik nya, sarua jeung kang mgt. pas
pisan.

loba garapan atawa kahayang medalkeun buku ngeunaan A-Z kasundaan. pek tah
dina widang eta. yp geus boga link ka tb gramedia sa bdg. bisa nitip buku2
di dinya. salian dijual di tempat sejen/di kusnet.

medalkeun jejer buku2 nu can kagarap ku kiblat buku utama,  pamedal nu
rada husus soal kasundaan, yasana kang ajip rosidi atawa ku geger sunten
jeung pamulang tangerang. asana ngan tilu eta pamedal buku2 nu eusina
kasundaan.

buku2 sajarah hiji lembur/kabupaten, misalna, asana can loba. ngumpulkeun
we bahana. sigana pemda2 baris ngadukung/ngadanaan.

bisa bari ulin, siga nyieun buku profil jeung sajarah persib misalna. can
aya nu nyieun. danana bisa menta/nginjem ka walikota nu ketua persib.
hehe.

ah, pastilah tukang wartawan mah loba gagasan mah. bisa oge milihan bahana
tina kusnet, satema/jejer. ekonomi. sajarah. opini US soal S (conto judul:
Sunda ceuk Urang Sunda). bisa ngajak urang KUSnet saha bae nu sadia jadi
tim (lumayan, ke namina aya dina jilid buku, salaku tim editor, hehe).

mun bisa mah nomer tujuh ieu teh ku Daeng Iwa dijieun sing lada pisan.
buku2 nu matak seuhah (baca= inspiratif) pikeun US sangkan (daraek jeung
harayang) maju.

Prung! gawe heula. Sk mah nuturkeun.

mj

http://geocities.com/mangjamal


> Maaanngng.....abdi mesen nomor 7,...pedah we abdi medal dunya teh ping 7
> he,...aeh,.tong diladaan nya! xixixixixi....
>
>>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke