Baraya,
 
Seja laporan pabukon deui, sesa rarancang gawe samemehna. Bieu teh aya Kang Iim ka kantor, ngahaja da geus pasini ti mangkukna. Rencana teh  Kang Iim + kuring poe ieu seja balanja buku keur tambahan buku hancengan pabukon anu rencana rek di buka di salah sahiji wewengkon di Karawang (engke alamat jelas jeung pananggungjawabna nyusul sanggeus diontrog ka patempatanana). Buku-buku tambahan teh luyu jeung pamenta ti masyarakat tujuan ieu pabukon, dumasar laporan ti calon pangurusna. Ngan kusabab si kuring keur riweuh ku pagawean maneuh, nya Kang Iim wae anu balanja teh. Cikeneh, ba'da papasrahan biaya keur balanja buku Kang  Iim  miang, ka Palasari, asana. Anapon buku-buku anu rek ditambahanana geus aya di kantor, meunang balanja Mj basa bulan puasa nu karek liwat jeung meunang Kang Iim mawana ka kantor teh.
 
Rencana paket buku keur ka Karawang teh rek dikirimkeun isukan ba'da juma'ahan, sakalian si kuring aya kaperluan ka Jakarta (urusan kantor). Biiaya keur ieu lalampahan geus ditanggel ku donatur anu sarua jeung donatur keur balanja bukuna. Donatur pabukon Bojong, Garut oge ti anjeunna. Baraya, sakuduna urang ngahaturkeun nuhun ka anjeunna, dina lebet kurang leuwih 2 bulan anjeunna teh teh parantos nyumbang langkung ti Rp 4 juta keur pabukon + kagiatanana. Estu matak reueus. Ngan, ngahaja identitas anjeunna teh moal dibewarakeun jalaran kitu talatahna.
 
Cag heula.
Baktos,
manAR
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke