perkawiz kota bandung nu jadi kusut bin amburadul, kota sanes oge sigana
kitu. sabab pangwangunanan salah urus jeung salah konsep (meureun ketang,
ieu mah da ngawadul make jurus nyanyahoanan).

salah sarebu sababna kota bdg ambrudul, nya eta urbanisasi tea. tiap taun
perbandingan  populasi urang bandung nu kaluar ti bdg jeung nu asup ka
bdg, teu saimbang. toong we dina perbandingan nu arasup kuliah di paguron
luhur (pl) bdg jeung nu lulus. loba keneh nu asup. jaba teu kabeh nu lulus
ti pl parindah neangan gawe di kota sejen. jadi nambahna tiap taun terus.
contona, barudak lulusan sma ti unggal kabupaten. nu hayang kuliah.
kalolobana teu caricing di kabupatenana, tapi ka bandung atawa kota gede
sejena.

naha nu rek karuliah ka bdg? sabab di daerah, di kota kabupaten, teu
dilengkepan ku sarana nu ngan aya di ibukota propinsi.

urang ngadongeng memeh jumaahan
baheula, jaman abah willy r wirantaprawira (toong di wirantaprawira.net),
salian di bandung, di tasik dibuka oge unpad. malah kungsi aya beja, yen
IKIp bdg oge kungsi muka cabang di tasik.

ku muka sakolaan negeri (sebut we murah, ari hade mah relatif) di kota2
kabupaten, barudak urang ciamis misalna, teu kudu ka bandung rek kuliah di
unpad atawa ikip teh. siga model sakola di amrik. universitas california
teu ngan di los angeles wungkul, tapi aya oge di berkeley-di luar LA,
jeung tempat sejena. oge kampus2 state amrik mah kitu.

jadi hade pisan mun baheula unpad muka cabang di tasik (utamana pikeun
urang garut  tasik ciamis) cirebon (pikeun urang majalengka cirebon
kuningan indramayu, jsb). nyebarkeun densitas populasi, teu siga ayeuna
kabeh ka barandung. tapi beh dieu unpad cabang tasik oge ikip ditutup.
kabeh ka barandung. bandung jadi heurin, jst.

di unggal ibukota kabupaten ayeuna aya pl. tapi swasta. tangtuna ngan jadi
pilihan pangkabucitna sanggeus pln (paguron luhur negeri) di kota gede teu
nampa. urang sebrang sami. ka barandung. sabab meureun pulo jawa, di
anggap puseur kamajuan. salahna pamarentah pusat nu sentralistik. jadi we
kiruh.

eta ti hiji jurusan wungkul, paguron luhur. nu sanes pasti aya deui...

tos heula, tonk he love ieu mung ukur ngawadul.

mj

http://geocities.com/mangjamal









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke