Baraya, ieu kuring seja ngabewarakeun acara seserahan. Hehehe, seserahan. Biasana mah eta kecap teh sok dilarapkeun pikeun acara pangantenan, nyerenkeun panganten lalaki ka kulawarga panganten awewe. Ngan ceuk itungan, ari rukun seserahan teh apan tilu: nu nyerenkeun, nu nampa, jeung nu diserenkeun. Jadi kaci wae upama acara nyerenkeun buku kanyaah KUSNET/YP oge disebut acara seserahan.
Aya reueus sakaligus era, ku lobana Pasaka (Pabukon Simpay Katresna, mun disingkat PSK teh pipikiran sok ngaleor ka nu lian) di Garut teh. Reueus, ku kajembaran palawargi pangurus & donatur YP ku kajembaran manahna, teu pipilih teu kumaha, mangkaning donatur ti Garut mah cenah teu seueur. Kadua, lobana Pasaka karasa jadi ciciren yen Garut teh memang kaasup wewengko Tatar Sunda/Jabar nu tinggaleun. Malah ceuk Kang Agus mah, di Garut teh aya lembur pangmiskinna sadunya, hehe... Hatur nuhun ka sadayana...
Ieu acara seserahan teh tempatna di pasantren Al-Wasilah, Garut. Jiga rada -rada "romantis" ieu acara teh. Najan teu formal oge. Sabab harita teh, dipirig kacapi suling dagala, karesep Kang Ajengan, bari nyambuang melenghir seungit beuleum menyan bodas. Malah dialokan ku sora bangkong sagala. Maklum lelewek pasantren teh dikuriling ku balong.
MH, aya kakurangan, sabab seserahan mah kudu wae aya "coet" jeung "mutu"na...
Pikeun beja tambahan, cenah aya baraya KUSNET anu bade ngembangkeun wisata budaya tatar Sunda. Sakalian dilampirkeun panyawangan Situ Cangkuang ditoong lebah Palalangon. Cenah mah baheula ieu tempat teh, kungsi jadi tempat sukan-sukan para menak Garut bari nyerangkeun Situ Cangkuang. Tah sakalian ngaliwat lalampahan ngajugjug pasantren, pangangguran ngajepret pamandangan Situ Rancakukuk. Upama teu salah ieu situ teh caket lemburna Neng Iva "Mojang Akang".
Aya ulasan ti Arkeologi ngeunaan situs (kabuyutan?) Cangkuang, topografi nu pinilih jsb, kuring mah teu pati bisa ngalenyepan...
isk
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

