Ua Sas, saha sareng urang mana eta supir teh
tatartd
Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mani papalingpang pisan nya Ua? :)
|ipup|
--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 1.Harita teh naek angkot Ciwastra-Cijerah, palebah
> parapatan Buah
> Batu-Sukarno Hatta, kuring turun rek pindah angkot nu
> jurusan Buah Batu-
> Kebon Kalapa, kabeneran aya angkot nu keur ngetem
> ngadagoan panumpang,
> supirna keur ngelepus udud, rada lila eta angkot ngetemna
> teh, kuring diuk
> dihareup gigireun supir da hayang nurutan bari udud. Ceuk
> supirna : "Bapa
> hapunten rada lami ngantosan, ke upami tos nambihan duaan
> mah urang angkat
> we..."
> Kuring nyatujuan, da kumaha atuh, ma enya kudu turun deui
> mah, asa karunya.
> Supir ngomong deui :" Mugi mugi abdi dinten ieu kenging
> rijki nu nyekapan
> kanggo dalaharna pun anak..."
> Kuring teu nyaho naha supir teh ngomong ka kuring atawa
> ngadu'a, tamba
> kawarana kuring nanya :"Gaduh sabaraha putra teh...?"
> "Dua, nu pang egeungna awewe kelas 2 SMP, nu bungsu mah
> lalaki kelas 5 SD".
> Geus aya panumpang naek duaan, angkot ngageleser
> maju,supir nyebut
> Bismillahirohmanirrohiim, ngajalankeunana teh henteu
> seserepetan teuing
> jeung teu halon teuing, sawajarna we, matak genah ka
> panumpang. Palebah
> jalan Banteng aya nu menta turun, supir teh narima duit
> bari ngucap
> Alhamdulillah, kuring sakedapan ngareret ka supir, dina
> hate
> ngagerentessoleh ieu supir teh. Ditalingakeun unggal
> nampanan duit pamayar
> teu tinggaleun ngucap
> Alhamdulillah.
> Palebah Dewi Sartika kuring turun, da niat teh rek neangan
> buku urut di nu
> ngalampar sisi jalan, kuring ngasongkeun duit 5 rebu, ceuk
> supir teh :"Bapa
> ku abdi diangsulan 1500...." sanggeus duit pamulangan
> ditampa ku kuring,
> supir teh kadenge ngucap Alhamdulillah, kuring turun.
> Bari leumpang meuntas jalan kuring ngadu'a dina hate
> mugi-mugi akang supir
> teh meunang rejeki anu gede tur halal.
>
> 2. Mun balik ti kios buku Pasar Cihaurgeulis, megat angkot
> teh sok ti Jl
> Supratman, ambih labas ka Margacinta, harita kabeneran aya
> angkot keur
> ngetem, kuring asup, diuk di hareup gigireun supir,
> timbanganana rada lila
> perjalanan teh da sok aya sa-jam-na, ari diuk dihareup
> gigireun supir mah
> teu kabadugan teuing ku anu unggah turun.
> "Na kamarana jelema teh...euweuh panumpang teh...." na
> atuh angkot teh jol
> seak we maju, kuring asa reuwas, da awak asa ngadayagdag,
> maju dicentok
> disakalikeun tea atuh, bari maju teh supir ukur kutuk
> gendeng duka teuing
> kasaha, loba motor cicilan tea, bensin mahal, jadi we
> panumpang
> ngurangan....sagala disebutan.
> Palebah pengkolan Supratman-A.Yani, aya panumpang duaan
> naek, seak deui
> maju, aduh ngajalankeunana siga munding ceulina kaasupan
> gaang, teu jeung
> wiwaha tea, di pengkolan jalan Bogor aya nu turun, na da
> narima duit teh nu
> recehna semu dibalangkeun kana wadahna, supir angger kutuk
> gendeng pedah
> panumpang euweuh.
> Di Parapatan Antapi-Kiaracondong, ngetemna rada lila, tapi
> panumpang jadi
> pinuh, enyaan pinuh, ceuk taksiran sugan teh kutuk
> gendengna rek eureun da
> panumpang geus pinuh, tapi palebah rek nepi ka Samsat,
> kadenge deui bae tah
> kutuk gendengna teh.."Panumpang teh teu terurun, ripuh
> atuh ari jarak jauh
> kabeh mah...". Enyaan euweuh nu turun da nepi ka kuring
> turun palebah
> pengkolan Pandanwangi deukeut gedong BMW (Bale Mustika
> Wangi) kakara kuring
> nu turun.
> Kuring ngasongkeun duit 10 rebu, dipulanganana teh 2 rebu,
> ceuk kuring
> teh..."Artosna 10 rebu....", manehna siga nu kapaksa mere
> deui 5 rebu, duka
> teuing naon maksudna..!
>
> MSasmita
> Tukang naek angkot
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

