Nuhun Mh,
 
Enya acara seserahan buku keur pabukon Bojong-Pameungpeuk teh dicukupkeun di Al Wasilah, Cipanas Tarogong-Garut, ma'lum samporet waktu utamana mah. Nyerahkeun buku teh geus peuting, wanci reureuh budak, sabab ti pasosore nepi ka Isya teh anteng ngobrol jeung Kang Ajengan, Mh, Kang Daud (ahli basa Indonesia, urang Cililin anu ngadosenan di Unlam, kancana Mh) oge alo Subhan+ alo Yanto, anu rek ngokokolakeun pabukon Bojong. Dongeng wangkongan tim pabukon jeung Kang Toto keun urang guar dina mairan jejer-jejer anu pakait, sugan pareng. Nuhun fotona Mh, anu narima buku ti si kuring dina foto alo Yanto tea.
 
Edas, aya ku endah eta panyawangan ti lebah Palalangon ka Situ Cangkuang, saendah kaayaan aslina :) . Nyakseni, wewengkon Garut teh endah kabina-bina, ti beh sabudeureun kotana keneh tug nepi ka pasisianana, di pakidulan. Keur lalampahan kamari, karek apal ti Mh, yen pagigir-gigir, malah ampir tepung jeung Situ Cangkuang, aya deui hiji situ, diaranan Situ Sarkanjut. Malah nya ngaran lelewek Sarkanjut teh asal mulana ti aran eta situ. Mh sigana bisa ngaguar sasakala ngaran "Sarkanjut" anu pakait jeung carita rahayat, Kean Santang tea. Ceuk dongeng ti Mh basa keur laha-loho ka lebah dinya, ngaran "sarkanjut" nuturkeun sasakalana mah teu cawokah teu sing, estuning sakumaha ngaran-ngaran sejenna, sabab asal-usulna oge pakait jeung hal-hal anu teu cawokah.
 
Ngeunaan wisata budaya, ngarojong, Seug saha atuh anu arek ngabaladahna? Si kuring mah sayogi keur icikibung dina lebah data, peta-peta (kar) keur rute lalampahan, oge sawaktu-waktu jadi guide-na ari keur salse. Loba pisan wisata budaya pakait jeung lingkungan situ di Tatar Sunda, sabagean gede diantarana situ-situ anu aya teh kungsi kaanjangan ku sorangan, leuwih ti sakali. Diantarana anu pohara direkomendasikeunana: Situ Sangiang, Talaga (Majalengka), Situ Lengkong Panjalu, Ciamis (deukeut bumi pun biang anu ieu mah), Situ Bagendit, Banyuresmi, Garut, Situ Leunca, Pangalengan, Bandung; jst.
 
Cag heula.
Baktos,
manAR
 
  

 
On 11/18/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu acara seserahan teh tempatna di pasantren Al-Wasilah, Garut. Jiga rada -rada "romantis" ieu acara teh. Najan teu formal oge. Sabab harita teh, dipirig kacapi suling dagala, karesep Kang Ajengan, bari nyambuang melenghir seungit beuleum menyan bodas. Malah dialokan ku sora bangkong sagala. Maklum lelewek pasantren teh dikuriling ku balong.

Pikeun beja tambahan, cenah aya baraya KUSNET anu bade ngembangkeun wisata budaya tatar Sunda. Sakalian dilampirkeun panyawangan Situ Cangkuang ditoong lebah Palalangon. Cenah mah baheula ieu tempat teh, kungsi jadi tempat sukan-sukan para menak Garut bari nyerangkeun Situ Cangkuang. Tah sakalian ngaliwat lalampahan ngajugjug pasantren, pangangguran ngajepret pamandangan Situ Rancakukuk. Upama teu salah ieu situ teh caket lemburna Neng Iva "Mojang Akang".

Salam,
MH

 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke