Situ Rancakukuk caket ka Wanaraja Mang? abdi kaleresan teu 
terang....hehehe....abong tamelar ka lembur teh.

Neng Iva

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya, ieu kuring seja ngabewarakeun acara  seserahan.  Hehehe, 
seserahan. Biasana mah eta kecap teh sok  dilarapkeun pikeun acara 
pangantenan, nyerenkeun panganten lalaki ka  kulawarga panganten 
awewe. Ngan ceuk itungan, ari rukun seserahan teh  apan tilu: nu 
nyerenkeun, nu nampa, jeung nu diserenkeun. Jadi kaci wae  upama 
acara nyerenkeun buku kanyaah KUSNET/YP oge disebut acara  seserahan.
>   
>  Ieu acara seserahan teh tempatna di pasantren  Al-Wasilah, Garut. 
Jiga rada -rada "romantis" ieu acara teh. Najan teu  formal oge. 
Sabab harita teh, dipirig kacapi suling dagala, karesep  Kang 
Ajengan, bari nyambuang melenghir seungit beuleum menyan bodas.  
Malah dialokan ku sora bangkong sagala. Maklum lelewek pasantren 
teh  dikuriling ku balong.
>   
>  Pikeun beja tambahan, cenah aya baraya  KUSNET anu bade 
ngembangkeun wisata budaya tatar Sunda. Sakalian  dilampirkeun 
panyawangan Situ Cangkuang ditoong lebah Palalangon. Cenah  mah 
baheula ieu tempat teh, kungsi jadi tempat sukan-sukan para menak  
Garut bari nyerangkeun Situ Cangkuang. Tah sakalian ngaliwat 
lalampahan  ngajugjug pasantren, pangangguran ngajepret pamandangan 
Situ  Rancakukuk. Upama teu salah ieu situ teh caket lemburna Neng 
Iva  "Mojang Akang". 
>   
>   Salam,
>   MH
>   
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke