tah gening aya "saksi on-line" lembur Tambaksari. Muridna pisan Pa Darwa. nuhun ah, sok atuh dongengkeun jaman keur sakola di lembur eta dibimbing pa Darwa.
perkawis e-mail gan Her, teu terang karuh. sabaraha sasih kepengker ngadangu teh ti urang Cupumanik (toong www.cupumanik.com, majalah basa sunda nu yayasan rancage) nuju ngawulang relawan cenah di indramayu. duka tah ayeuna. taros ka urang cupumani. [EMAIL PROTECTED] ngan aya pakait batin sareng gan Her teh. putrina-geulis (hehe, kuring sok nyalukan si sleepy eyes), kuliah di pangulinan si kuring. sok disingsieunan, awas mun bolos, dibejakeun ka bapa. padahal teu kantos tepang, teu acan wanoh. hehe. ayeuna Niken tos lulus. mj http://geocities.com/mangjamal > Kang Jamal, Pak Darwa teh guru biologi abdi keur di SMP. Lamun, > nginget-nginget jaman keur sakola, di laboratorium abdi teh memang balatak > fosil di tiap juru. Abdi harita can ngarasa naon fungsina. Padahal, ka > laboratorium sakola abdi teh sok loba urang bule anu moto tulang jeng > huntu nu garede pisan. > > Abdi reueus pisan daerah abdi nu di sisilak anu jauh ti kota bisa > diliput. Kang Jamal terang alamat sareng imel Kang Her Suganda. Abdi > hoyong dialog sareng anjenna. Kang Her Suganda oge kapungkur nulis > Kampung Kuta anu masih keneh di Tambaksari. > > > Salam > > Yayat R Cipasang > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

