1.Harita teh naek angkot Ciwastra-Cijerah, palebah parapatan Buah
Batu-Sukarno Hatta, kuring turun rek pindah angkot nu jurusan Buah Batu-
Kebon Kalapa, kabeneran aya angkot nu keur ngetem ngadagoan panumpang,
supirna keur ngelepus udud, rada lila eta angkot ngetemna teh, kuring diuk
dihareup gigireun supir da hayang nurutan bari udud.
Ceuk supirna : "Bapa hapunten rada lami ngantosan, ke upami tos nambihan
duaan mah urang angkat we..."
Kuring nyatujuan, da kumaha atuh, ma enya kudu turun deui mah, asa karunya.
Supir ngomong deui :" Mugi mugi abdi dinten ieu kenging rijki nu nyekapan
kanggo dalaharna pun anak..."
Kuring teu nyaho naha supir teh ngomong ka kuring atawa ngadu'a, tamba
kawarana kuring nanya :"Gaduh sabaraha putra teh...?"
"Dua, nu pang egeungna awewe kelas 2 SMP, nu bungsu mah lalaki kelas 5 SD".
Geus aya panumpang naek duaan, angkot ngageleser maju,supir nyebut
Bismillahirohmanirrohiim, ngajalankeunana teh henteu seserepetan teuing
jeung teu halon teuing, sawajarna we, matak genah ka panumpang.
Palebah jalan Banteng aya nu menta turun, supir teh narima duit bari ngucap
Alhamdulillah, kuring sakedapan ngareret ka supir, dina hate ngagerentes
soleh ieu supir teh.
Ditalingakeun unggal nampanan duit pamayar teu tinggaleun ngucap
Alhamdulillah.
Palebah Dewi Sartika kuring turun, da niat teh rek neangan buku urut di nu
ngalampar sisi jalan, kuring ngasongkeun duit 5 rebu, ceuk supir teh :"Bapa
ku abdi diangsulan 1500...." sanggeus duit pamulangan ditampa ku kuring,
supir teh kadenge ngucap Alhamdulillah, kuring turun.
Bari leumpang meuntas jalan kuring ngadu'a dina hate mugi-mugi akang supir
teh meunang rejeki anu gede tur halal.

2. Mun balik ti kios buku Pasar Cihaurgeulis, megat angkot teh sok ti Jl
Supratman, ambih labas ka Margacinta, harita kabeneran aya angkot keur
ngetem, kuring asup, diuk di hareup gigireun supir, timbanganana rada lila
perjalanan teh da sok aya sa-jam-na, ari diuk dihareup gigireun supir mah
teu kabadugan teuing ku anu unggah turun.
"Na kamarana jelema teh...euweuh panumpang teh...." na atuh angkot teh jol
seak we maju, kuring asa reuwas, da awak asa ngadayagdag, maju dicentok
disakalikeun tea atuh, bari maju teh supir ukur kutuk gendeng duka teuing
kasaha, loba motor cicilan tea, bensin mahal, jadi we panumpang
ngurangan....sagala disebutan.
Palebah pengkolan Supratman-A.Yani, aya panumpang duaan naek, seak deui
maju, aduh ngajalankeunana siga munding ceulina kaasupan gaang, teu jeung
wiwaha tea, di pengkolan jalan Bogor aya nu turun, na da narima duit teh nu
recehna semu dibalangkeun kana wadahna, supir angger kutuk gendeng pedah
panumpang euweuh.
Di Parapatan Antapi-Kiaracondong, ngetemna rada lila, tapi panumpang jadi
pinuh, enyaan pinuh, ceuk taksiran sugan teh kutuk gendengna rek eureun da
panumpang geus pinuh, tapi palebah rek nepi ka Samsat, kadenge deui bae tah
kutuk gendengna teh.."Panumpang teh teu terurun, ripuh atuh ari jarak jauh
kabeh mah...". Enyaan euweuh nu turun da nepi ka kuring turun palebah
pengkolan Pandanwangi deukeut gedong BMW (Bale Mustika Wangi) kakara kuring
nu turun.
Kuring ngasongkeun duit 10 rebu, dipulanganana teh 2 rebu, ceuk kuring
teh..."Artosna 10 rebu....", manehna siga nu kapaksa mere deui 5 rebu, duka
teuing naon maksudna..!

MSasmita
Tukang naek angkot 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke